Sinyal
Sinyal nyaéta hiji fungsi nu ngagambarkeun kuantitas fisis. Sacara matematika, sinyal digambarkeun salaku hiji fungsi tina variabel bébas t. Biasana t ngagambarkeun waktu. Jadi sinyal dilambangkeun ku x(t).
Daptar eusi |
Klasifikasi sinyal [édit]
Sinyal kontinyu waktu jeung sinyal diskrit waktu [édit]
Sinyal x(t) mangrupakeun sinyak kontinyu waktu lamun t mangrupakeun variabel nu kontinyu. Lamun t mangrupakeun hiji variabel diskrit, nyaéta x(t) didéfinisikeun dina waktu-waktu nu disktit, mangka x(t) mangrupakeun sinyal diskrit waktu.
Sinyal analog jeung sinyal digital [édit]
Lamun sinyal kontinyu waktu x(t) aya dina interval kontinyu (a, b), dimana a teh -∞ sarta b teh +∞, mangka sinyal kontinyu waktu x(t) disebut sinyal analog. Lamun sinyal diskrit waktu x[n] aya dina sajumlah harga-harga tinangtu nu beda, mangka sinyal ieu disebut sinyal digital.
Sinyal diskrit waktu x[n] mindeng diwangun ku cara sampling sinyal kontinyu waktu x(t) sahingga x[n] = x(nTs), dimana Ts mangrupakeun interval sampling.
Sinyal ril jeung sinyal kompléks [édit]
Sinyal x(t) mangrupakeun sinyal ril lamun hargana téh angka ril sarta mangrupakeun sinyal kompléks lamun hargana téh angka kompléks.
Sinyal deterministik jeung sinyal acak [édit]
Sinyal deterministik nyaéta sinyal-sinyal nu hargana ditangtukeun sacara lengkep dina kurun waktu tinangtu. Sinya acak nyaéta sinyal-sinyal nu boga harga sacara acak dina waktu tinangtu sarta sifatna kapanggih ku cara statistik.
Sinyal énergi jeung sinyal daya [édit]
Kandungan énergi dinormalisasi E tina hiji sinyal x(t) didéfinisikeun salaku:
Daya rata-rata dinormalisasi tina hiji sinyal didéfinisikeun salaku:
Sinyal périodik jeung sinyal non-périodik [édit]
Hiji sinya x(t) mangrupakeun sinyal périodik lamun aya hiji angka positif To sahingga:

Angka To positif nu pangleutikna disebut périoda, sarta kabalikan tina périoda disebut frékuénsi fundaméntal fo:

Ti persamaan nu di luhur:

Tempo ogé [édit]
Tumbu kaluar [édit]
Rujukan [édit]
- Hwei P. Hsu, Ph.D, Theory and Problems of Analogue and Digital Communications, Schaum's Outline, McGraw-Hill, 1993

