Sisingaan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi


Sisingaan mangrupa atraksi kasenian tradisional urang sunda anu pidanganganana ku cara merenahkeun budak sapasang luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat penari,maké iringan tarompét jeung kendang[1].Sisingaan mangrupa pintonan anu atraktif jeung ngahibur panongtonna [1]. Seni has budaya Sunda ieu ayana di Kabupaten Subang provinsi Jawa Barat[1]. Sisingaan mangrupa seni pintonan rakyat Subang anu masih aya nepi ka kiwari[1]. Sisingaan biasana ditanggap dina acara husus, kayaning penyambutan tamu agung, dina raraga poé kamerdikaan, acara syukuran jeung hajatan warga, jeung dina acara nyunatan[1]. Dina atraksi sisingaan abrug atawa singa buhun, hiasan singa dijieun tina rangkéyan daun pinus anu ditambahan keretas, motifna payung jeung hiasan[1], tapi dina sisingaan modéren atawa pergosi maké bonéka singa anu nyeplés jeung aslina[1]. Nalika tampil euweuh bébédaan anu atra antara sisingaan modern jeung sisingaan tradisional. Gerakan jeung atraksi nu ngangkat singa, mintonkeun gerakan anu méh sarua[1].Pintonan sisingaan dibarengan ku sora tarompét jeung kendang jiga musik pencak silat[1]. Sapasang budak leutik anu maké baju adat sunda ditaékkeun kana sapasang sisingaan anu diangkat ku opat penari (hiji singa digotong ku opatan)[1][2].Gerakan-gerakan jiga jurus silat dipintonkeun bari diseselan ku jaipongan, tarian has Jawa Barat[1]. Baheula pamaén sisingaan téh dalapan urang lalaki anu ngagotong bonéka singa dibarengan ku saurang pamingpin kelompok, sababaraha urang pamaén waditra jeung dua urang nu maénkeun jajangkungan[2]. Atraksi sisingaan ngahijikeun tilu unsur seni anu utama nyaéta gerak tari atawa pencak silat jeung jaipongan, seni sora gamelan kendang jeung gong, sarta seni busana anu dipaké ku para pamaénna[1]. Para pamaén sisingaan mintonkeun akrobat jeung tarian anu atraktif, rupa-rupa gerakan ieu nyieun warga anu ningali pintonan ngarsa kahibur[1]. Di tengah zaman modérnisasi jeung ayana budaya asing anu asup, sisingaan angger bisa lumaku nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di daérah Subang, Jawa Barat.[1] Simbolisasi budak anu diuk luhureun singa salaku réfléksi perjoangan pembebasan Nasional pikeun ngéléhkeun kakuatan impérialis sarta kompradorna di jero nagri[2].

Referensi[édit | sunting sumber]

Arjuna Wayang.jpg