Situs Gunung Padang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Situs Megalitikum Gunung Padang Cianjur

Situs Gunung Padang nyaéta situs mégalitikum (mega=gedé, litho=batu) nu geus aya ti [rujukan?] taun ka tukang. Perenahna di Kampung Gunung Padang jeung Kampung Panggulan, Desa Karyamukti, Kacamatan Campaka, Kabupatén Cianjur, mangrupa situs wangunan megalitik punden berundak panggedena di Asia Tenggara. Lega wangunan purbakalana kurang leuwih 900 m² kalayan lega areal situsna sorangan kurang leuwih 3 ha.

Laporan munggaran ngeunaan ayana ieu situs téh dicutat dina Rapporten van de Oudheidkundige Dienst (ROD, "Buletin Dinas Kepurbakalaan") taun 1914. Sajarawan Walanda, N. J. Krom geus yabit-nyabit ngeunaan ieu situs téh taun 1949. Ti harita, ieu situs téh pareumeun obor nepika sakali mangsa aya tilu urang penduduk dinya nya éta Endi, Soma, dan Abidin manggihn deui ieu situs tuluy dilaporkeun ka Edi, Penilik Kebudayaan Kecamatan Campaka, ngeunaan ayana batu-batu gedé pasagi nu yusun di hji tempat nu ngundak ngarah ka Gunung Gede[1].

Numutkeun mitos, Situs Gunung Padang mangrupa tempat patepungna para kuwu ti tatar Sunda buhun anu waktuna ditangtukeun saban taun.

Déskripsi Wangunan[édit | sunting sumber]

Téras 1[édit | sunting sumber]

Ieu téras wangunna pasagi nu nyaghareup ka kulon-ngalér jeung wétan-ngidul jeung ukuranana béda. Ukuran masing-masing ieu téras téh: sisi lebah kulon-ngalér panjangna 40 m, sisi lebah wétan-ngidul panjangna 36 m, ari dua sisi nu séjénna mah ukuranana 28 m.

Téras 2[édit | sunting sumber]

Wangun téras ka 2 leuwih leutik tibatan téras ka 1. Ieu téras téh ukuranna: sisi kulon-ngalér (hareup) panjang 22,30 m, sisi kidul-ngulon (sisi kénca) panjang 25 m, sisi kulon-ngalér (sisi katuhu) panjang 24 m, sisi wétan-ngidul (tukang) panjang 18,5 m. Dina wangunan téras nu rata ieu téh aya wangunan-wangunan gedé jeung leutik, kira-kira jumlahna aya 6 wangunan. Iwal ti éta, sigana aya kénéh wangunan leutik lianna tapi wangunna geus teu bisa katingal, sabab susunan batu wangunan-wangunan nu lianna geus teu pati katingali deui. Dina téras ka-2 ieu ogé aya batu-batu nu nanjeur (ajeg) nu ukuranna leuwih gedé tibatan batu-batu séjénna.

Téras 3[édit | sunting sumber]

Téras 3 ukuranna leuwih leutik tibatan téras 2. Ukuran sisi-sisi téras ieu nya éta: kidul-ngulon 18,5 m, wétan-ngulon, kalér-ngétan 18 m, kulon-ngalér 18 m. Dina téras 3 kapanggih 4 wangunan nu ampir sakabéhna mangrupa kelompok-kelompok batu ajeg boh nu ajeg (nanjeur) kénéh boh nu geur rebah. Sababaraha wangunan disusun dina wangun pasagi atawa buleud. Masing-masing wangunan marisah teu katangén aya jalan atawa pondasi (tatapakan) nu nyambungkeun antara wangunan nu hiji jeung nu lianna. Rupana wangunan-wangunan ieu pisan anu dikira-kira minangka kuburan ku Krom (N.J. Krom 1914) téh. Data pamungkas nu beunang hasil ékskavasi D.D Binarti, taun 1982 ngabuktikeun yén di sababaraha wangunan taya tanda urut kuburan, iwal nu kapanggih téh ngan semplékan gerabah (kendi) polos hungkul nu jumlahna kawatesanan.

Téras 4[édit | sunting sumber]

Ukuran téras 4 nya éta: wétan 18 m, kulon 18 m,kalér 18 m, kidul 19 m. Dina téras ieu aya 3 wangunan, anu sakabéhna pernahna di lebah kalér-ngétaneun téras 3. Bagian lebah kidul-ngulon téras ka 4 teu kapanggih sésa-sésa wangunan, iwal ti lahan taneuh kosong anu mungkin dipaké pikeun upacara nu butuh tempat lega.

Téras 5[édit | sunting sumber]

Ieu téras téh perenahna di bagian pangtungtungna lebah wétan-ngidul jeung mangrupa téras nu pangluhurna. Ukuranana nya éta: panjang sisi kulon-ngalér 17,5 m, sisi kalér-ngétan 19 m, sisi wétan-ngulon 16 m jeung sisi kidul-ngulon 19 m. Kamungkinan ieu téras téh nu dianggap paling suci, tempat ngayakeun upacara-upacara anu paling sakral. Dina téras ieu kapanggih wangunan-wangunan leutik mangrupa gunclukan-gunclukan monolit anu ku N.J. Krom mah dikira-kira mainangka kuburan. Dina téras ieu aya lima wangunan. Iwal ti éta ogé aya mangpuluh-puluh balok batu tapi geus hésé pikeun diidéntifikasi minangka wangunan.

Sumber Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Disbudpar Jawa Barat.2007. Profil Peninggalan Sejarah dan Purbakala di Jawa Barat dalam Khasanah Sejarah dan Budaya. Bandung:Disbudpar Jawa Barat.
  • Haris Sukendar. 2001. Peninggalan Tradisi Megalitik di Daerah Cianjur, Jawa Barat. Jakarta: Puslit Arkenas.
  • Loka Situs Gunung padang di cianjur.go.id

Tumbu luar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Arjuna Wayang.jpg