Sjuman Djaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sjuman Djaya

Sjuman Djaya lahir di Purworejo, Jawa Tengah. Atikan na di Taman Madya (SLA) Taman Siswa, Institut Sinematografi Negara Moskow (lulus taun 1965). Nalika sakola di Taman Madya, Sjuman Djaya mindeng maén sandiwara. Dina pertengahan taun 1950 an, manéhna loba nulis carpon, sajak jeung esai sastra. Tuluy milu maén dina sawatara film salaku lalakon.[1]

Sjuman Djaya nyaéta putra kalima ti dalapan duduluran. Bapana, juru gambar di jaman walanda. Cita-citana jadi penerbang. Tapi, ahirna Sjuman Djaya jadi pamaén sandiwara, penulis sajak, jeung carita pondok. Manéhna tuluy dipikawanoh salaku anggota seniman senen. Sabot umurna dua puluh tilu warsih, caritana keroncong kemayoran difilm keun bareng jeung judul saodah.[2]

Sabot belajar di Moscow, sutradara anu dipikawanoh necis jeung romantis ieu wawanohan tuluy nikah jeung Farida Oetojo, balerina anu harita keur belajar di ditu. Sanggeus miboga dua anak lalaki, maranéhanana pipirakan dina taun 1973. Tuluy Sjuman Djaya]] nikah jeung Tuti Kirana. Sutradara ieu maot ku lantaran gering liver.[2]

==Filmografi (Salaku Sutradara)==[2]

1. Si Doel Anak Betawi (1973)

2. Si Mamad (1973)

3. Laila Majenun (1975)

4. Si Doel Anak Modern (1976)

5. Kabut Sutra Ungu (1979)

6. Bukan Sandiwara (1980)

7. Kartini (1982)

8. Budak Nafsu (1983)

9. Kerikil-kerikil Tajam (1984)

10. Opera Jakarta (1985)




Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Biografi Archived 2011-11-17 di Wayback Machine (Diakses tanggal 12 November 2011)
  2. a b c [Djaya, Sjuman. 1987. Aku. Jakarta:Pustaka Utama Grafiti] (Diakses tanggal 12 November 2011)