Solat Isa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Solat Isa (Basa Arab: عشاء‎) nyaéta salah sahiji di antara solat lima waktu nu dilakukeun ku Muslim dina wanci peuting. Solat lima waktu sacara koléktif ngawangun salah sahiji tina Rukun Islam, dina Islam Sunni, sarta salah sahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Jumlahna opat roka'at sarta bacaannana dibaca tarik lamun keur berjama'ah. Nalika indit-inditan, numutkeun sababaraha madhab, solat ieu bisa diqoshor jadi dua rokaat, atawa dijama' jeung Magrib, boh dilakukeun dina wanci Magrib (jama'taqdim) atawa dina wanci Isa (jama' ta'khir).

Dina Islam Sunni atawa Si'ah, jumlah roka'atna sarua opat Dina Islam Sunni, dianjurkeun solat dua roka'at sabadana Isa. Sajaba ti éta, aya sababaraha solat séjénna nu alus dipigawé sabadana Isa, di antarana Shaf', Witir jeung solat peuting Nafilat ul-Layl (disebut tahajud), atawa tarawéh dina bulan Ramadan.

Islam Si'ah[édit | édit sumber]

Wanci Isa nyaéta:

  • Mimitina: sanggeus wanci Maghrib (solat surupna panonpoe) lekasan.
  • Pungkasanana: mimiti fajar.

Penting pikeun solat buru-buru nalika wancina geus datang.

Islam Suni[édit | édit sumber]

Wanci Isa ditetepkeun kieu:

  • Mimitina: Dumasar kana madhab Hanafi, Isa dimimitian nalika poek datang sarta layung bodas di langit geus leungit. Dumasar kana madhab Maliki jeung Syafi'i, wanci Isa dimimitian ku surupna layung beureum ti langit. Hal ieu bisa dideukeutan ku cara ngajadikeun panonpoe minangka ukuran. Lamun panonpoe geus turun 12 darajat sahandapeun tungtung deuleu, harita pisan wanci sasaruaanana. Sababaraha ahli astrologi pasalingsing paham yén cenah lamun geus 15 darajat sahandapeun horison, sedengkeun liana ngomong yén sanggeus 18 darajat atawa sajam sanggeus surupna panonpoe
  • Pungkasanana: Ti mimiti fajar nalika wanci solat Subuh datang. Henteu dipikaresep (dosa dina madhab Maliki mah) lamun seug urang ngaengke-engke solat tanpa alesan nu bisa ditarima tepi ka liwat ti 1/3 peuting munggaran ("peuting" dina hukum Islam hatina wanci ntara asupna wanci solat Maghrib tepi kaasupna wanci solat Subuh).

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

  • Solat
  • Subuh (solat fajar)
  • Lohor (solat tengah poé)
  • Asar (solat lingsir panonpoé)
  • Magrib (solat surup panopoé)
  • Isa (solat peuting)