Soun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Soun

Dongfen.JPG

Nama Tionghoa
Hanzi tradisional: 1. 粉絲
2. 冬粉
3. 細粉
4. 線粉
Hanzi basajan: 1. 粉丝
2. 冬粉
3. 细粉
4. 线粉
Ngaran Jepang
Kanji: 春雨
Ngaran Koréa
Hangul: 당면
Hanja: 唐麵
Ngaran Thai
Thai: วุ้นเส้น
(wun sen)
Ngaran Viétnam
Viétnam: 1. miến
2. bún tàu
3. bún tào

Sohun atawa soun (suun) nya éta mi anu lembut anu dijieuna tina pati.[1] Sanggeus dikeueum, soun warnana hérang, geunyal jeung leueur.[1] Di antara sababaraha jinis tipung anu biasa dijadikeun bahan baku nya éta acikacang héjo, (kentang, hui, tapioka), sagu, arén, jeung midro (ganyong).[1] Soun béda jeungbihun.[1] Dijualna dibungkus saperti sarang burung, saencan dipasak soun dikeueum heula nepi ka beyé.[1] Soun teu mibog rasa, tapi bisa nyerep kaldu.[1]

Cara nyieun soun[édit | sunting sumber]

Tipung anu jadi bahan utama téh dikumbah nepi ka laleungit kokotor anu napel dina tipung.<ref="sohun"/> Sanggeus dipindahkeun kana bak, tuluy dibéré kaporit ypikeun ngabodaskeun saoun.<ref="sohun"/> Sanggeus jadi bodas warnana, tipung dilumbah deui pikeun ngaleungitkeun bau kaporitna.<ref="sohun"/> Satuluyna, tipung dicampur cai saloba 1:1, tuluy dikocék jadi adonan nepi ka kentel.<ref="sohun"/> Adonan diasupkeun kana mesin ekstrusi pikeun ngahasilkeun soun.<ref="sohun"/> Soun anu baseuh digaringkeun ku cara dipoé.<ref="sohun"/> Sanggeus garing, soun siap dibungkusan tuluy didagangkeun.[2]

Soun di unggal nagara[édit | sunting sumber]

Di Indonésia, soun dijieuna tina tipung sagu atawa arén ditambah midro pikeun campuranna.[3] Kadaharan Indonésia anu maké soun saperti soto, bakso, tekwan, pempek model, kimlo, jeung sup.[3] Soun mimiti asalna ti Tiongkok.[3] Soun bahasa Mandarinna fěn sī hartina mi benang.[3] Di Taiwan, soun disebut dōng fěn nu hartina mi musim dingin atawa tanghun.[3] Di RRC, soun dijieuna tina tipung kacang héjo, dipaké pikeun tumis, sup, jeung hot pot.[3] Soun dipaké eusina jiaozi, jeung pikeun ngaganti sirip hiu.[3] Di Koréa, soun disebut dangmyeon (hangul, hanja hartina mi Dinasti Tang, dijieuna tina tipung hui.[3] Japchaeconto kadaharan Koréa anu maké soun.[3] Di Jepang, soun disebut harusame hartina hujan musim semi, dijieunna tina tipung kentang.[3] Salain jadi eusi lumpia (harumaki), soun ngan dipaké sup anu mangrupa adaptasi tina kadaharan Tionghoa jeung Koréa.[3] Di Filipina, soun disebut sotanghon.[3] Soun goréng Filipina eusina daging hayam jeung jamur.[3]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f Pembuatan Soun (Dicutat tanggal 24 November 2011)
  2. INDUSTRI SOHUN (Dicutat tanggal 24 November 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m Industri sohun (Dicutat tanggal 24 NOvember 2011)