Stambul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Stambul

Stambul nya éta wandakeroncong anu ngaranna dicokot tina bentuk sandiwara anu dipikawanaoh ahir abad ka-19 nepi ka ka awal abad ka-20 di indonésia. Kecap "stambul" dicokot tina kecap Istambul, ngaran hiji kota di Turki.[1]

Keroncong jenis stambul, asup ka Jakarta dina mangsa atawa saméméh Perang Dunia kahiji, dibawa ku perkumpulan anu dingaranan Opera Bangsawan kahiji, atawa kaceluk ku ngaran "Opera fa 'far Turki" anu asalna ti Médan.[2] Aya dugaan yén runtuyan kecap-kecap stambul, bangsawan, Turki, mangrupa babasan rasa simpati masarakat Indonésia utamana para pajoang ti partéi Islam mangsa kamerdikaan ka Karajaan Turki.[2] Dayeuh Istambul mangrupa dayeuh kabudayaan di mana opera musik Éropa jadi tontonan pikeun para bangsawan, kalayan carita-carita sajarah anu dramatis sarta merlukeun musik sarta nyanyian pengiring anu ngahirupkeun kaayaan tragédi éta.[2]

Potonagan mélodi ti keroncong stambul di handap ieu, écés nyuarakeun wujud mélodius lagu Malayu Sumatera Wétan dijudulan Sri Mersing.[2] Dina jaman baheula di Betawi, Batavia, Jakarta, hal éta disimpulkeun dina lagu keroncong stambul ngaranna keroncong pandan.[2] Samentara éta aya salah tafsir ngeunaan lagu éta, nya éta keroncong bandan, alatan nurutkeun sawatara pamadegan, lagu lila éta awalna dinyanyikan ku jelema- jelema di Kampung Bandan, Jakarta.[2] Sedengkeun teksna nya éta kieu:

Pulaulah Pandan laér di tengah
Di balik pulai si soang dua,
Hancurlah awak berkalang tanah,
Budi yang halus dikenang jua.

Stambul miboga dua tipe progrési akord anu masing-masingna disebut salaku Stambul 1 jeung stambul 2.[1] Stambul dimimitian ku panyanyina sorangan, atwa intro lagu lain tina alat musik tapi ti panyanyina anu henteu ngagunakeun pirigan instrumén tiheula.[1]


Contoh-contoh Istambul

  • Stb Jaugh Di Mata
  • Stb.2. Dewa-dewi

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c (id) Amir,Ahmad Dahidi,Trikaryono,Ace Iwan Suryawan Apresiasi Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung,2007, H.4.
  2. a b c d e f (id)[1](diakses kaping 7 Désember 2011)


Nulis.jpg