Strukturalisme

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Ferdinand de Saussure nu Naratas Strukturalisme

Strukturalisme, asal kecapna tina struktur, anu hartina nyaéta ayana hubungan anu tetep antara unsur nu hiji jeung unsur séjénna.[1]. Dina ulikan sastra, strukturalisme nyaéta pamarekan anu nyawang karya sastra sacara objektif hartina anu diajénna téh mangrupa unsur-unsur nu nyangkaruk dina éta karya sastra (intérn atawa ékstern).[2]. Tokoh nu naratas strukturalisme nyaéta Ferdinand de Saussure.[3]

Istilah struktural dihartikeun salaku cara atawa prosedur nu dilaksakeun ku kaum strukturalis (golongan kaum strukturalisma) dina ngalarapkeun paham strukturalisme.[4] Ari strukturalisme mangrupa cabang atawa modél pamikiran dina widang filsafat anu ngébréhkeun struktur pangjerona (batin) dina hiji réalitas anu rupa-rupa sacara ilmiah, hartina ngalakukeun métodeu sacara objéktif.[4]

Struktural sacara definitive nyaéta paham ngeunaan unsur-unsur anu aya di jerona, mékanisme antara hubungan, patalina hiji unsur jeung unsur séjén, jeung antara unsur jeung totalitasna.[3] Wangenan ciri-ciri struktur sok disaruakeun jeung ciri-ciri sistem. Sacara étimologis, struktur asal kecapna tina structura (Latin) anu hartina cara.[3] Ku kituna, struktur némbongkeun kecap barang, ari sistem némbongkeun kecap pagawéan.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Salim, Peter.spk.2002.Kamus Bahasa Indonesia Kontemporer.Jakarta:Modern English Press]
  2. Koswara, Dedi.2011.Diktat Perkuliahan:Racikan Sastra.JPBD-UPI]
  3. a b c d Kutha, N. R. (2013). Metodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. 
  4. a b Susanto, D. (2014). Pengantar Teori Sastra. Jakarta: PT. Buku Seru.