Suling

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Suling (Sunda) nyaéta salah sahiji waditra tiup urang Sunda nu disadakeun ku cara ditiup. ilaharna dijieun tina awi tamiang. Suling sumebar ampir di sakuliah tatar Sunda umumna di wewengkon priangan. Biasana suling dipaké pikeun mirig lalaguan boh tembang boh kawih.

Ukuran suling nangtukeun luhur handapna sora. Upamana, keur lagu-lagu tembang suling nu digunakeun leuwih panjang antara 60-65 cm(sabab leuwih rendah sorana) ti batan suling keur kawih atawa degung 50-59 cm.

Dina pidangan lian, suling ogé sok dipaké pikeun gending-gending instrumntal kayaning kacapi-suling (Cianjuran) jeung degung klasik.Wangun suling aya dua nya éta suling liang genep jeung suling liang opat (suling degung). Nada suling ilaharna laras péntatonis Sunda. Dina kamekaranana suling miboga wangun jeung laras-laras anyar anu dijieun husus pikeun kabutuhan musikal aransemen gending, diantarana suling mandalungan, suling saléndro liang opat, suling madenda liang opat, suling wisaya. Aya ogé suling anu dijieun husus maké tangga nada diatonis atawa Cirebonan.

Wangun lian tina suling nya éta bangsing anu boga nada diatonis, ilahar dipaké dina kasenian tarling di wewengkon Cirebon jeung Indramayu. Waditra séjén anu méh sarupa wangunna jeung suling sunda diantarana seruling, saluang, suling (Bali). Suling dina klasifikasi alat musik dunya kaasup kana instrumen flute, sub klasifikasi wooden/bamboo flute.

Suling modérn (Eropa)[édit | sunting sumber]

Dina basa Inggris suling téh disebut flute. Suling kaasup kana anggota kulawarga alat musik tiup kai (kaasup awi). Sora suling anu cirina lemes sarta bisa dihijikeun alat musik lianna kalawan alus.

Suling modérn pikeun para ahli mah umumna dijieun tina pérak, emas atawa campuran duanana. Lamun suling pikeun keur nu diajar kénéh mah umumna dijieun tina nikel-pérak, atawa logam anu disipuh ku pérak.

Suling konsér standar ditala (disetém) dina nada C jeung boga ambahan nada 3 oktaf ti mimiti middle C. Tapi, dina sababaraha suling pikeun para ahli mah aya konco tambahan sangkan nepi kana nadaB di handap middle C. Ieu ngandung harti yén suling téh mangrupa salah sahiji alat musik orkés anu luhur (tinggi), iwal ''piccolo'' anu leuwih luhur tibatan suling téh. Piccolo nyaéta suling leutik anu ditala saoktaf luhureun suling konsér standar. Suling konsér modérn téh boga réa pilihanana. Thumb key B-flat (diciptakeun jeung ditaratas ku Bricciadi) standar. B foot joint, tapi suling ieu mah mangrupa pilihan ékstra pikeun modél menengah ka luhur jeung profésional.

Suling open-holed, ogé biasa disebut French Flute (anu dina sababaraha koncina aya liangan ti tengahna, jadi pamaén kudu nutupan éta liang ku ramona) umum dina pamaén tingkat konsér. Tapi sababaraha pamaén suling (utamana nu dialajar, ogé sababaraha ahli) leuwih milih closed-hole pleteau key. Nu keur dialajar umumna maké alat sawatara keur nutupan éta liang nepi ka maranéhna bisa merenah nempatkeun ramo kalawa pas. Sababaraha urang percaya yén konci open-holed mah mampuh ngahasilkeun sora anu leuwih harus jeung leuwih jelas dina nada-nada handap.

Suling konsér dina mangsa saméméh Era Klasik (1750) maké Suling Blok sedengekeun dina mangsa saméméh Éra Romantis nu dipaké téh Suling Albért (Kai hideung liangan dilengkepan ku klép, jeung ti mangsa Romantis (1820) maké suling Boehm (kai hideung atawa logam anu sakabéhna dilengkepan ku klép, disebut ogé suling Boehm, sistem Carl Boehm), atawa suling (B. Inggris: flute) wungkul.

Husus pikeun musik keroncong di Indonésia dina mangsa Stambul (1880-1920) maké suling Albert, jeung dina mangsa keroncong abadi (1920-1960) geus maké suling Boehm. Dongéng ngeunaan suling

Suling dina Dongeng Sunda[édit | sunting sumber]

Dina dongéng Sunda kacaritakeun lalakon anu nyabit-nyabit suling nyaéta dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyét. Éta suling téh dijieunna tina tulang maung anu geus hasil ditipu ku sakadang kuya sangkan daék asup kana durukan. Tulang sakadang maung tuluy diliangan ku bangbara tuluy di seuseupan ku nyiruan sangkan ngahasilkeun sora anu harus.


Cara Maké[édit | sunting sumber]

Sikep maénkeun suling nyaéta bari diuk (sila), suling perenahna dihareup kalawan nangtung (vértikal). Tilu ramo curuk-jajangkung-jariji (biasana) leungeun kénca dipaké pikeun nutup-muka tilu liang nu di luhur. Ana pon tilu liang di handapeunana ditutup-buka ku tilu ramo katuhu nyaéta curuk-jajangkung-jariji. Biwir diantelkeun kana suwer lebah tukang, deukeut ceuceut careuh tuluy ditiup sangkan ngahasilkeun sora.

Titi Laras[édit | sunting sumber]

Suling liang 6[édit | sunting sumber]

Degung Madenda Saléndro

Suling liang 4[édit | sunting sumber]

Degung

Référénsi[édit | sunting sumber]

http://bamboovoices.blogspot.com/
indotravelers.com
http://id.wikipedia.org/wiki/Suling
http://en.wikipedia.org/wiki/Flute


Nulis.jpg