Supernova

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Supernova 1987A anu lumangsung dina Awan Magellan Badag. Tanda panah di bagian katuhu némbongkeun béntang saméméh bitu

Supernova nyaéta bituna hiji béntang di galaksi anu mancarkeun énergi anu kacida gedéna. Kajadian supernova ieu nandakeun lekasanana riwayat hiji béntang. Béntang anu ngalaman supernova baris katémbong pohara caangna malah mah caangna bisa ngahontal ratusan juta kali cahaya béntang kasebut dina waktu saacanna.

Énergi anu dipancarkeun ku supernova kacida rosana. Malah pancaran énergi anu dipancarkeun waktu supernova lumangsung dina sawatara detik waé bisa nyaruaan pancaran énergi hiji béntang dina waktu jutaan nepi ka miliaran taun. Pancaran énergi supernova bisa diitung dumasar kana sipat-sipat pancaran radiasina.

Supernova ilahar lumangsung dilantarankeun ku béakna umur hiji béntang. Waktu bahan-bahan nuklir dina inti béntang geus béak, mangka moal bisa lumangsung réaksi fusi nuklir anu mangrupa pangrojong hirupna hiji béntang. Sarta lamun béntang geus henteu bisa ngalakonan fusi nuklir ieu, mangka béntang baris paéh sarta ngalakonan supernova.

Wanda-wanda Supernova[édit | sunting sumber]

Supernova Keplers

Dumasar kana garis spéktrum dina supernova, mangka supernova bisa digolongkeun kana sababaraha wanda:

  • Supernova Wanda Ia
Dina supernova ieu, waktu diimeutan, henteu kapanggih ayana garis spéktrum Hidrogen.
  • Supernova Wanda Ib/c
Dina supernova ieu, dina waktu diimeutan, henteu kapanggih ayana garis spéktrum Hidrogen atawa Helium.
  • Supernova Wanda II
Dina supernova ieu, kapanggih ayana garis spéktrum Hidrogen waktu pangimeutan.
  • Hipernova
Supernova wanda ieu ngaleupaskeun énergi anu pohara badag waktu bitu. Énergi ieu jauh leuwih badag dibandingkeun jeung énergi waktu supernova wanda anu séjén lumangsung.

Dumasar kana sumberna énergi supernova, mangka dihasilkeun papasingan supernova kawas kieu:

  • Supernova Térmonuklir (Thermonuclear Supernovae)
    • Asalna tina béntang anu ngabogaan massa leutik
    • Asalna tina béntang anu geus ngalaman évolusi saterusna
    • Béntang anu bitu mangrupakeun anggota tina sistem béntang ganda.
    • Bituna ngancurkeun béntang tanpa sésa
    • Énergi bituna asalna tina pangbeuleuman Karbon (C) jeung Oksigen (O)
  • Supernova Runtuh-inti (Core-collapse Supernovae)
    • Asalna tina béntang anu ngabogaan massa nu gedé
    • Asalna tina béntang anu ngabogaan solobong béntang anu badag sarta masih ngaduruk Hidrogen di jerona.
    • Béntang anu bitu mangrupakeun béntang tunggal (kawas Supernova Wanda II), sarta béntang ganda (kawas supernova Wanda Ib/c)
    • Bituna béntang ngahasilkeun objék padet nu mangrupa béntang neutron atawa liang hideung (black hole).
    • Énergi bituna asalna tina tekenan

Tahapan lumangsungna Supernova[édit | sunting sumber]

Hiji béntang anu geus béak waktu hirupna, biasana baris ngalakonan supernova. Urutan tahapan lumangsungna supernova nyaéta kieu:

  • Ngabareuhan
Béntang ngabareuhan alatan ngirimkeun inti Helium ti jerona ka pabeungeutan (permukaan) béntang. Ku kituna béntang baris jadi hiji béntang raksasa anu kacida badag, sarta boga warna beureum. Di bagian jerona, inti béntang baris beuki ngariyut. Dilantarankeun ku ngariyutna ieu, mangka béntang beuki panas sarta padet.
  • Inti Beusi
Waktu kabéh bagian inti béntang geus leungit, sarta anu tinggaleun di jerona ngan saukur unsur beusi, mangka kurang ti sadetik satuluyna hiji béntang asup kana tahap pamungkas kahirupanana. Ieu dilantarankeun struktur nuklir beusi henteu ngamungkinkeun atom-atom dina béntang pikeun ngalakonan réaksi fusi pikeun jadi unsur anu leuwih beurat.
  • Bitu
Dina tahap ieu, suhu dina inti béntang beuki nambahan nepi ka ngahontal 100 milyar darajat celcius. Satuluyna énergi ti inti ieu dipindahkeun nyimbutan béntang anu satuluyna bitu sarta nyebarkeun gelombang kejot. Waktu gelombang ieu tumiba kana material dina lapisan luar béntang, mangka material kasebut jadi panas. Dina suhu nu tangtu, material ieu boga guna pikeun fusi sarta jadi unsur-unsur anyar jeung isotop-isotop radioaktif.
  • Ngutahkeun material béntang
Gelombang kejot baris ngutahkeun material-material béntang ka rohang angkasa.

Akibat tina Supernova[édit | sunting sumber]

Supernova ngabalukarkeun akibat kana kahirupan di luar béntang kasebut, di antarana:

  • Ngahasilkeun Logam
Dina inti béntang, lumangsung réaksi fusi nuklir. Dina réaksi ieu dilahirkan unsur-unsur anu leuwih beurat batan Hidrogen jeung Helium. Waktu supernova lumangsung, unsur-unsur ieu diutahkeun ka luar béntang sarta ngabeungharkeun awan antar béntang di sakurilingna ku unsur-unsur beurat.
  • Nyiptakeun Kahirupan di Jagat Raya
Supernova ngutahkeun unsur-unsur nu tangtu ka rohang angkasa. Unsur-unsur ieu saterusna pindah ka bagian-bagian séjén anu jauh tina béntang anu bitu kasebut. Dipercaya yén unsur atawa materi kasebut saterusna ngagabung nyieun hiji béntang anyar atawa malah mah planét di jagat raya.

Kajadian Supernova anu katiténan[édit | sunting sumber]

Supernova 1994D

Aya hiji béntang anu ngalakonan supernova di rohang angkasa unggal hiji detik kahirupan di bumi. Ngan waé, pikeun manggihan béntang anu baris ngalakonan supernova kasebut kacida hésé. Réa faktor anu mangaruhan dina pangimeutan supernova. Sanajan kitu, aya sawatara kajadian supernova anu geus katiténan ku manusa, ti antarana:

  • Supernova 1994D
Baheula, hiji béntang bitu di tempat anu kacida jauh ti bumi. Bituna éta béntang katempo kawas hiji titik nu caang. Ieu lumangsung di bagian luar tina galaksi NGC 4526, sarta dingaranan Supernova 1994D. Sinar anu dipancarkeunana salila sawatara minggu sanggeus bitu kasebut némbongkeun yén supernova kasebut mangrupakeun Supernova Tipe Ia.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan