Térong

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Térong
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Class: Magnoliopsida
Subclass: Asteridae
Order: Solanales
Family: Solanaceae
Genus: Solanum
Species: S. melongena
Ngaran binomial
Solanum melongena
L.

Térong nyaéta tuwuhan anu kagolongkeun kana kulawarga Solanaceae sarta genus Solanum. Ieu tuwuhan mangrupakeun tuwuhan asli India jeung Srilangka, sarta sadulur jeung tomat sarta kentang. Buahna ilahar dipaké sayur pikeun asakan. Ngaran botanina Solanum melongena.

Térong téh tumbuhan héjo anu mindeng dipelak sacara taunan. Pepelakan ieu tumuwuh nepi ka jangkungna 40-150 cm (16-57 inci). Daunna badag, kalawan lobus anu teuas. Ukuranana 10-20 cm (4-8 inci) panjangna sarta 5-10 cm (2-4 inci) rubakna. Wanda térong satengah liar leuwih badag sarta tumuwuh nepi ka jangkung 225 cm (7 suku), kalawan daun anu panjangna ngaleuwihan 30 cm (12 inci) sarta rubakna 15 cm (6 inci). Tangkalna biasana cucukan. Warna kembangna antara bodas nepi ka wungu, kalawan makuta anu ngabogaan lima lobus. Benang sarina boga warna konéng. Buahna boga diaméter anu kurang ti 3 cm pikeun wanda anu liar, sarta leuwih badag deui pikeun wanda anu dipelak. Buah kasebut ngandung réa siki anu leutik sarta hipu. Siki éta kaci didahar tapi rasana pait alatan ngandung alkaloid nikotin. Hal ieu teu matak ngajadikeun hélok lantaran térong mangrupakeun baraya deukeut bako.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Térong nyaéta tumbuhan nu dijadikeun kadaharan nu dipelak pikeun diala buahna. Ukuran buah térong rupa-rupa antara leutik nepi ka badag, gumantung kana budidayana. Buah kasebut miboga rupa-rupa warna, utamana wungu, héjo, sarta bodas. Térong nyaéta tuwuhan asli India.[1] Térong dipelak di bagian kidul sarta wétan Asia saprak jaman prasejarah tapi dipikawanoh di dunya Barat henteu leuwih kolot ti kira-kira taun 1500. Catetan tinulis anu munggaran ngeunaan térong katimu dina Qí mín yào shù, hiji karya tatanén Tiongkok kuno anu disiapkeun dina taun 544.Fuchsia Dunlop (2006), Revolutionary Chinese Cookbook: Recipes from Hunan Province, Ebury Press, hlm. 202  Lobana ngaran basa Arab sarta Afrika Kalér pikeun térong sarta kurangna ngaran Yunani jeung Romawi némbongkeun yén tangkal ieu dibawa asup ka Barat ngaliwatan wewengkon Laut Tengah ku bangsa Arab dina mimiti Abad Tengahan. Ngaran ilmiahna, Solanum melongena, asalna ti istilah basa Arab abad ka-16 pikeun sajinis tangkal térong.

Alatan aya hubungan antara térong jeung kulawarga Solanaceae, kungsi aya anggapan yén buah térong racunan. Sedengkeun kanyataanana buah térong kaci didahar tanpa akibat goréng naon ogé ku kalolobaan jelema, pikeun sawaréh jalma nu séjén, ngadahar buah terong (sarupa jeung ngadahar buah nu patali kawas tomat, kentang, jeung pedes héjo atawa pedes) bisa mangaruhan kaséhatan. Sawaréh buah térong rada pait sarta ngagerihan peujit sarta ngabalukarkeun gastritis. Alatan éta pisan, sawaréh sumber, hususna ti golongan kaum kaséhatan alami, ngomong yén terong sarta genus nu patali bisa ngabalukarkeun artritis sahingga kudu dijauhan ku maranéhanana anu peka. [2]

Galeri[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Tsao sarta Lo dina "Vegetables: Types and Biology". Handbook of Food Science, Technology, and Engineering ku Yiu H. Hui (2006). CRC Press. ISBN 1-57444-551-0.Doijode, S. D. (2001). Seed storage of horticultural crops (m.s. 157). Haworth Press: ISBN 1-56022-901-2
  2. Childers, N.F. (Phd) & Margoles, M.S. (MD). (1993). An apparent relation of nightshades (Solanaceae) to arthritis. Journal of Neurological and Orthopedic Medical Surgery. 12: 227-231.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]