Téspong
Téspong atawa dina basa latinna Oenanthe javanica nya éta ngaran lalab anu daunna kawas salédri[1][2]. Téspong loba tumuwuh di dataran luhur nepi ka daratan handap, asal taneuhna gembur, baseuh jeung miboga drainase anu hadé[3]. Lamun ditingali saliwat, téspong anu jangkungna 50cm téh ampir sarua jeung salédri[3]. Kaambeuna seungit jeung daunna bergerigi tapi karasa leuwih kakau jeung leuwih kandel lamun dibandingkeun jeung salédri mah [3] [2]. Daun téspong anu ngorana ngeunah lamun diasakan jadi tumis atawa dilalab atah ngalengkepan beuleum lauk, hayam goréng jeung sambel[3].Dina téspong aya aroma spesifik anu karasana semriwing[2]. Komo lamun dicoèlkeun kana sambel tarasi anu aya di restoran sunda. Dina téspong aya minyak atsiri anu kaluar tina daunna nu matak ngabalukarkeuntéspong téh miboga antioksidant anu kuat[3]. kusabab kitu urang Sunda utamana wanojana miboga kulit anu mulus jeung beresih sarta nambahan kageulisanana lantaran loba ngadahar lalab-lalaban anu salasahijina téspong[2]. Téspong zaman baheula sok mindeng kapanggih di tempat ondangan jeung sok aya di restauran Sunda salaku lalab anu loba dipikaresep[4].Téspong boga mangpaat pikeun nahan lapar[5].
[édit] Referensi
- ↑ [Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 690]
- ↑ a b c d Lalapan Nikmat Sehat, Daun TESPONG(diakses 15 oktober 2011)
- ↑ a b c d e Mengenal Daun Tespong(diakses 15 Oktober 2011)
- ↑ [http://www.sundanet.com/?p=5 LALAB DALAM KEHIDUPAN MASYARAKAT SUNDA(15 oktober 2011)
- ↑ Makan Daun(diakses 15 Oktober 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
