Tarawangsa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Tarawangsa cikalong
Tarawangsa Cikalong

Sajarah[édit | sunting sumber]

Tarawangsa nya éta waditra anu ayana leuwih kolot ti rebab, alat kését anu séjén.Naskah kuno Sewaka Darma yén ti awal abad ka-18 nyebutkeun ngaran tarawangsa téh sabagé waditra.Rebab aya di tatar Jawa sanggeus jaman Islam sakitar abad ka-15-16,[1] mangrupakeun pangaruh tina alat kését bangsaArab anu dibawa ku nu nyebarkeun Islam ti tatar Arab jeung India.[2] Sanggeus ayana rebab, tarawangsa biasana sok disebut rebab jangkung, sabab ukuran tarawangsa umumna leuwih jangkung tibatan rebab. Salian ti éta ogé pakakas kését ieu mangrupa pangaruh ti cina.[3].

Pintonan[édit | sunting sumber]

Salaku waditra anu di kését, tangtuna waé tarawangsa dipaénkeuna ku cara dikését. tapi anu dikésétna ngan hiji nya éta senar anu katuhu, sedengkeun anu kiwa mah dipetik ku curuk anu kiwa. tarawangsa ogé sok dibarengan ku jentréng nya éta saperti kacapi.

Kasenian tarawangsa téh mangrupa kasenian ti Jawa Barat, nya éta di daérah Rancakalong (Sumedang), Cibalong, Cipatujah (Tasikmalaya), Banjaran (Bandung), jeung Kanékés (Banten Kulon). Dina kasenian tarawangsa Cibalong, Cipatujah mah sok dibarengan ku calung rénténg, suling, jeung kawih.

Tarawangsa dipaékeunnana dina laras pélog, disaluyukeun jeung jentréng anu geus di sistim laras pélog, tarawangsa di rancakalong miboga dua kelompok kawih nya éta kawih anu poko jeung kawih anu pilihan atawa kawih tambahan, anu kabéhanana laras pélog. Kawih pokona saperti Pangemat, Pangapungan, Pamapag, Panganginan, Panimang, Lalayaan, Bangbalikan. Ka tujuh kawih ieu mangrupakeun kawih poko, sabab anu mimiti diciptakeun jeung biasana sacara sakral pikeun ngondang Dewi Sri. Sedengkeun kawih pilihan atawa tambahan mah saperti, Saur, mataraman, Iring-iringan (tonggérét), Jemplang, Limbangan, Bangun, Karatonan, Degung, Sirnagalih, Buncis, Pangairan, Déngdo, Angin-angin, Reundeu, Pagelaran, Ayun Ambing, Reundeuh Reundang, Kembang gadung, Ondé, Legon (Koromongan), jeung Panglima.

Kawih-kawih tarawangsa di Rancakalong tangtuna waé leuwih loba tibatan kawih-kawih tarawangsa di Cibalong jeung Banjaran. Kawih-kawih tarawangsa nu di Cibalong diantarana nya éta Salancar, Ayun, Cipinangan, Mulang, Manuk Héjo, Kang Kiai, Aleuy,jeung Pangungsi. Sedengkeun kawih-kawih tarawangsa di Banjaran diantarana nya éta Pangrajah, Panimbang, bajing Luncat, Pangapungan, Bojong Kaso, jeung Cukleuk.

Alat atawa pakakas poko tina kasenian tarawangsa nya éta tarawangsa jeung jentréng. Numutkeun sistim klasipikasi Curt Sanchs jeung Hornbostel, tarawangsa diklasipikasikeun sabagé Chordophone, sub klasipikasi neck-lute, jeung jentréng ogé diklasipikasikeun kana Chordophone, sub klasipikasi zither. Sedengkeun nurutkeun cara maénkeunana tarawangsa diklasipikasikeun alat kését jeung jentreng diklasipikasikeun kana alat anu di petik. tarawangsa di jieun tina kai jéngkol, dadap, jeung muncang. Dina énsambel tarawangsa pungsina pikeun mélodi (maénkeun kawih), sedengkeun jentréng pikeun pangiring atawa anu mirig tarawangsa.

Pungsina[édit | sunting sumber]

tarawangsa miboga pungsi nya éta pikeun upacara anu patalina kana paré, misalna dina upacara ngalaksa, pungsina pikeun ngungkapkeun rasa sukur ka Gusti pikeun hasil panén. Dina pagelaranana ngalibetkeun anu igel nya éta lalaki jeung awéwé. anu igel dimimitian ku lalaki anu igel saehu/saman, disusul ku awéwéna. pancéna pikeun ngalungsurkeun Dewi Sri jeung karuhun. Saterusna anu nyakséni pagelaran ogé biasana sok milu igel. Igel dina tarawangsa teu kaiket aturan-aturan poko, iwal anu nari saehu miboga simbol-simbol panghormatan pikeun Dewi Sri. Igel dina tarawangsa teu ngan saukur igel pisik tapi igel anu aya pakuat-pakaitna jeung métapisik saluyu kana kapercayaan anu igel. Jadi teu anéh upama anu igel tarawangsa sok teu sadar (trance).

Catetan[édit | sunting sumber]

Nulis.jpg

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.