Tari buyung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Ibing Buyung nya èta kasenian anu asalna ti kabupatén Kuningan. Kuningan mangrupa salah sahiji wewengkon di Jawa Barat anu ngabogaan kasenian sunda anu kawilang réa. Kecap Buyung nya éta sajenis pakakas anu dijieun tina logam atawa taneuh liat anu dipaké ku sawaréh wanoja désa dina jaman baheula pikeun nyokot cai di walungan, situ, cinyusu, atawa di balong pikeun kabutuhan sapopoé.Ibing Buyung dipintonkeun dina puncak acara sérén taun anu biasana diayakeun dina bulan Rayagung,gerakan ibing buyung ngagambarkeun kaèndahan wanoja ngigel dina luhur kendi bari nyuhun buyung ieu miboga ajén yén dina ngalalakonan hirup manusa kudu saimbang antara rarasaan jeung pikiran saperti ungkara “di mana bumi di pijak di sana bumi di jungjung”. [1]

Pergelaran Ibing Buyung kalayan formasi Jala Sutra, Nyakra Bumi, Bale Bandung, Medang Kamulan, sarta Nugu Telu ngabogaan harti masarakat patani Sunda nya éta masarakat anu miboga ageman yén Pageran alam samesta anu nyiptakeun bumi jeung eusina tur nu ngatur sagala anu aya dina kahirupan manusa. Sedengkeun manusa mangrupa mahluk anu nyicingan bumi pangsampurnana ti batan mahluk-mahluk ciptaan Pangéran séjénna. [2]

Kasang Tukang[édit | sunting sumber]

Ibing buyung anu tumuwuh di dèsa Cigugur Kecamatan Cigugur Kabupatèn Kuningan geus hirup di masarakat mangabad-abad katukang anu geus jadi budaya turun tumurun masarakatna. Numutkeun sawatara masarakat Cigugur ibing buyung miboga kasang tukang tina paripolah wanoja baheula dina nyokot cai ka pancuran, walungan, cinyusu atawa balong bari mawa buyung pikeun ngawadahan caina. Kagiatan wanoja baheula dina waktu nyokot cai saperti nyeuseuh, mandi, kuramas jeung sajabana dijadikeun bahan pamikiran pikeun nyieun gerakan ibing buyung. Lantaran éta ibing buyung miboga gerakan anu nyoko kana kabiasaan wanoja harita, éta gerakan méré ajén yén manusa sakuduna silih tulungan jeung dulur,gawé bareng, jeung teu ngabéda-bédakeun jalma tina status sosial. [3]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Budaya
  2. Wisata Rumpun Ibing
  3. (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.


Nulis.jpg