Tayamum
Tayamum sacara etimologis nya éta Al Qosdu (القَصْدُ) nu hartina maksud.[1]Sedangkeun sacara istilah dina syari’at Islam nya éta hiji ibadah ka Allah ku cara ngusap pameunteu jeung dua leungeun ku ngagunakeun sho’id anu beresih.[1]Sho’id nya éta sakabéh barang nu aya diluhureun bumi (nu bisa digunakan pikeun ngalakukeun tayammum boh nu aya taneuhan boh henteu didieu nu dimaksud nya éta kekebul).[1]Tayamum nya éta ngusapkeun taneuh kana pameunteu jeung ngumbah leungeun nepi ka siku ku sababaraha sarat.[2]Tayamum ogé gaganti abdas atawa mandi, salaku rukhsah (keringanan) pikeun jalma nu teu maké cai lantaran sababaraha halangan (uzur), nya éta :
- Uzur ku lantaran gering, maksudna tingali tina nambahan henteuna gering lamun maké cai saluyu jeung katerangan ti dokter;
- Lantaran keur dina lalampahan;
- Lantaran euweuh cai.[2]
Sedengkeun numutkeun Kamus Basa Sunda, tayamum téh nya éta abdas ku kikisik atawa taneuh lantaran euweuh cai.[3]Dina harti séjén, tayamum téh gaganti wudhu atawa abdas jeung mandi wajib nu kuduna ngagunakeun cai beresih diganti ku taneuh atawa kekebul anu beresih.[4]Ulah ngalakukeun tayamum maké taneuh jeblog atawa ngandung najis.[5]
Daptar eusi |
Alasan ngalakukeun Tayamum [édit]
- Keur dina lalampahan nu jauh
- Jumlah cai teu cukup, sabab jumlahna saeutik
- Geus usaha satékah polah néangan cai tapi teu kapanggih
- Cai nu aya suhu atawa kaayaanana ngandung kamadhorotan
- Cai nu aya ngan saukur pikeun diinum
- Cai aya di tempat nu jauh jeung bisa katinggaleun sholat
- Dina cinyusu aya nu ngandung bahaya
- Gering jeung ulah keuna ku cai.[4]
Sarat Sah Tayamum [édit]
- Geus asup waktu sholat
- Maké taneuh nu ngebul beresih tina najis jeung kokotor
- Ngandung alasan atawa sabab nu ngakibatkeun kudu tayamum
- Geus usaha néangan cai tapi teu kapanggih
- Teu héd jeung nifas pikeun awéwé
- ngaleungitkeun najis nu napel dina awak.[4]
Sunah-Sunat Nalika Ngalaksanakeun Tayamum [édit]
- Maca bismillah
- Nyanghareup ka kiblat
- Maca dua sanggeus réngsé tayamum
- Ngaheulakeun nu ka tuhu tibatan nu kénca
- Niup kekebul nu aya dina damapal leungeun
- Ngagosok ramo sanggeus ngusap nepi ka siku.[4]
Rukun Tayamum [édit]
- Niat tayamum
- Ngusap pameunteu ku kekebul atawa taneuh
- Ngusap dua leungeun ku kekebul atawa taneuh nepi ka siku.[4]
Tata Cara Tayamum [édit]
- Maca bismillah
- Anggangkeun ramo, tapelkeun kana kekebul atawa taneuh, teken nepi ka kekebul narapel
- Angkat dua leungeun tuluy tiup dampal leungeun pikeun ngaipiskeun kekebul nu napel, tuluy tiup ka arah nu lian patukang tonggong jeung tempat kekebul atawa taneuh tadi
- Niat tayamum : Nawaytuttayammuma listibaa hatishhalaati fardhollillahi ta'aala (Abdi niat tayammum pikeun ngalakonan sholat karena Allah Ta'ala).
- Usapkeun dampal leungeun kana pameunteu
- Bersihkeun kekebul nu nyésa dina dampal leungeun
- Cokot deui taneuh ku ngaanggangkeun ramo, tapelkeun deui kana kekebul, teken nepi ka kekebul narapel
- Angkat dua leungeun tuluy tiup dampal leungeun pikeun ngaipiskeun kekebul nu narapel, tuluy tiup ka arah nu lian patukang tonggong jeung tempat kekebul atawa taneuh tadi
- Usapkeun kekebul kana dua leungeun, mimiti kana leungeun katuhu tuluy kana leungeun kénca.[4]
Referensi [édit]
- ↑ a b c Tata cara tayamum](diakses tanggal 05 Februari 2011)
- ↑ a b Rasjid, Sulaiman.1994.FIQIH ISLAM.Bandung:PT Sinar Baru Algensindo Offset
- ↑ Satjadibrata,R.2005.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
- ↑ a b c d e f pengertian tayamum cara syarat rukun sebab sunat tayammum wudhu dengan debu tanah ](diaksés tanggal 30 Januari 2008)
- ↑ Definisi, pengertian tayamum](diaksés tanggal 16 Januari 2010)