Teluk
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Teluk nyaeta wewengkon pacaian nu dekok ka daratan tur diwawatesanan ku daratan dina tilu sisina. Teluk mangrupakeun sabalikna tina tanjung, biasana duanana bisa kapanggih dina garis basisir nu sarua. Teluk-teluk nu kasohor di dunya di antarana : Teluk San Francisco di Amerika Serikat, Teluk Guantanamo di Kuba, jeung Teluk Pérsia di Jazirah Arab. Di Indonésia, salah sahiji teluk panggedena nyaeta Teluk Cenderawasih di Irian.
| Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |