Tingkeban

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Tingkeban; Babarit nyaéta asalna tina kecap “tingkeb” hartina tutup, maksudna awéwé anu keur ngandeg tujuh bulan teu meunang sapatemon jeung salakina nepi ka opat puluh poé sanggeus ngajuru, sarta ulah digawé anu beurat sabab kandunganna geus gedé.[1][2] Anapon aturan sedekah tingkeban, mimitina nangtukeun waktuna. Biasana nu alusna mah bulan Hijriyah, tanggalna anu aya angka tujuhan, saperti tanggal 7, tanggal 17, jeung tanggal 27. Sanggeus netepkeun waktuna, tuluy ditataharkeun.[3] Éta hal dilaksanakeun sangkan orok anu aya di jero kandungan jeung anu ngababarkeunna salamet.[3]

Maksud jeung tujuan[édit | édit sumber]

Maksud upacara tingkeban nyaéta sodakoh panutup atawa paméakan. ti mimiti 40 poé sanggeus babaran ulah muka saméméh nepi kana waktuna.[2] Anapon istilahna nyaéta:

  • "tebus wateng" nu asal kecapna tebus watengan, asalna tina kecap tebus anu hartina mayar, sedengkeun wateng hartina udaka anu aya dina jero kakandungan. Jadi maksudna tebus watengan téh mayar atawa sodakoh pikeun nyalametkeun lantaran anu dijero kandungan téh geus mangrupa manusa, jadi intina rasa syukur ka Gusti Alloh.
  • ''babarik'' nu asal kecapna tina barik nu hartina babarengan jeung utun inji anu aya di jero kandungan, nepi ka éta budak téh geus jadi jalma ku sabab nurutkeun pamadegan kolot-kolot jaman baheula mah éta budak téh geus sampurna kaayaanana.

Waktu jeung tempat[édit | édit sumber]

Waktu lumangsungna upacara 7 bulan atawa tingkeban biasana kudu diayakeun dina bulan ka 7 tanggal 7, 17 atawa 27 jeung dina jam 07.00 atawa 19.00. Tempat lumangsungna upacara 7 bulan atawa tingkeban dilaksanakeun di jero jeung di luar imah nyaéta di buruan atawadi pipir imah. Di jero imah ngariung tatangga jeung dulur-dulur nu diondang, sedengkeun nu hamil dimandikeun di buruan atawa di tukangeun imah.[2] Di buruan nu hamil nu geus dimandikeun éta ngajual (méré) rujak kanistrén ka barudak.[2]

Siloka[édit | édit sumber]

Dina upacara tingkeban loba pakakas nu kudu disadiakeun salaku kalengkepan upacara. Pakakas-pakakas éta mibanda lambang:

  1. Kembang jambé (mayang) anu ngandung harti “hayang” nyaéta “hayang hadé”, saperti seungitna kembang éta.
  2. Kembang 7 warna ngalambangkeun 7 hal nyaéta hirup, kakuatan, panempo, pangrungu, omongan jeung kahayang.
  3. Ayakan dijieun tina awi ngandung ma’na yén élmu anu dipiboga ku urang, kudu bisa dipilah-pilah mana nu hadé nu mibanda mangpaat pikeun dunya jeung ahérat sarta mana nu teu hadé.
  4. Kalapa gading (kalapa ngora) anu digambaran tokoh wayang, Srikandi jeung Arjuna ngandung ma’na mudah-mudahan anakna nurut, alus rupa jeung kulitna saperti kulit kalapa gading nyaéta konéng langsat.
  5. Belut nu diasupkeun ti beulah luhur sinjang nalika ngalaksanakeun upacara mandi kembang ngalambangkeun sangkan engké dina waktu ngalahirkeun lancar, saperti belut kaluar tina liangna.
  6. Rujak kanistrén nu dijual ka barudak ngandung lambang yén ti mulai harita geus béak mangsa ulin sawaktu budak jeung satuluyna jadi indung. Rujak kanistrén rasana pait, kesed, haseum jeung sajabana ngalambangkeun sangkan sagala kasusah jeung patina hirup diajarkeun ka anakna. Kitu ogé lamun rujak rasana lada ngalambangkeun yén engké orok anu dilahirkeun téh lalaki, jeung lamun teu lada orok anu dilahirkeun téh marti awéwé.
  7. 7 rupa kadaharan, nyaéta beubeutian saperti sampeu, hui, boléd, suuk, kacang tanah, ganyol jeung sagu.
  8. Sinjang panjang 7 lembar.
  9. Jajambaran, tempat cai jeung kendil anu eusina belut. Belutna 7, lamun euweuh cukup ku 1 belut pikeun sarat.
  10. Kalapa gading nu digambaran Arjuna ksatria nu gagah jeung tokoh Srikandi tokoh wanoja anu geulis. Lamun teu digambaran kudu ditulis ngaran tokoh wayang éta.

Prak-prakan[édit | édit sumber]

Dina prak-prakanana ieu upacara sok diayakeun pengajian babarengan sarta biasana maca ayat-ayat Al-quran nyaéta surat Yusuf, surat Lukman sarta surat Maryam minangka surat surat anu dianggap mulya.[3] Lian ti éta ditataharkeun ogé parabot pikeun upacara ngamandian nu keur kakandungan, sarta anu utama nyaéta rujak kanistrén anu diwangun ti 7 rupa bungbuahan.[3] Nu keur kakandunga dimandian ku tujuh kulawarga deukeut anu dipingpin ku saurang paraji sacara bagilir kalayan ngagunakeun 7 lembar lawon samping batik anu dipaké gunta-ganti unggal guyuran sarta dimandian ku cai kembang tujuh rupa.[3] Sanggeus kitu acara dituluykeun kana siram ibu hamil anu dipingpin ku indung beurang. Ibu hamil dibawa ku paraji ka hareupeun imah. Anu saméméhna geus ditataharkeun aya jajambaran anu eusina duit, jumlah duitna numutkeun kana wedal salaki jeung pamajikan anu ditambahkeun anu geus dicampuran kembang tujuh rupa. Mimitina indung beurang ngebut-ngebutkeun kembang mayang ka awak ibu hamil, tuluy boh gadis boh ibu-ibu nyalampeurkeun, lantaran ceuk sahaol mah bakal téréh boga anak. Sanggeus kitu indung paraji mawa kalapa gading anu geus digambaran bari ngadu’a, doana nyaéta: .

Bismilahirohmanirohim
Macakeun Qomat,
Surat Al Fthihah, Al Falaq, Al Fathihah,
Pangéran anu kawasa muga-muga babar sing mulus rahayu berkah salamet, sing lungsur langsar, mun istri sing geulis mun pameget sing kasép, sing soléh manahna, sing pinter milari élmuna, Bismilahirohmanirohim
Macakeun Sahadat,
Surat Al Kautsar,
Sabulan ngahérang, dua bulan ngalengang, tilu bulan gumulung, opat bulan mangrupa, lima usik, genep malik, tujuh kolot, 8 ngora, salapan medal ka dunya, borosot héor.

Dina guyuran katujuh diasupkeun belut nepi ka beunang kana beuteung nu keur kakandungan , ieu hal dipimakdud sangkan lancar dina prosés babaran. Bareng jeung muragna belut, kalapa gading anu geus digambaran ku tokoh wayang ku salakina dibeulah maké bedog.[4] Ieu hal dipimaksud sangkan orok anu dikandung sarta kolotna miboga laku lampah anu hadé.[4] Sanggeus réngsé dimandian biasana nu keur kakandungan didangdanan tuluy dibawa ka tempat rujak kanistrénanu geus disiapkeun.[4] Tuluy anu keur kakandungan ngajual éta rujak ka barudak sarta para sémah anu hadir dina éta upacara , sarta maranéhna meulina ngagunakeun talawéngkar, nyaéta kenténg anu geus dijieun buleud kawas duit kencring.[4] Nalika nu keur kakandungan ngajual rujak, salakina mah miceun sésa parabot mandi kawas cai sésa dina jajambaran, belut, kembang, jsb.[4] Kabéhanana éta kudu dipiceun di jalan simpang opat atawa simpang tilu, sanggeus rujak kanistrén béak kajual runtuyan upacara adat tingkeban réngsé dilaksanakeun.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 10. ISBN 9786026475275.  Disungsi12 Januari 2023
  2. a b c d Haryani NasuXon, Fitri (2019). 70 Tradisi Unik Suku Bangsa di Indonesia. Jakarta: Bhuana ilmu populer. p. 97. ISBN 9786232165328. Diakses tanggal 24 Januari 2020. 
  3. a b c d e (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.
  4. a b c d e f (id)tingkeban adat sunda Archived 2016-11-12 di Wayback Machine (diaksés tanggal 28 Oktober 2011)