Tini Kartini

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tini Kartini
Gumelar29 Oktober 1933
Tasikmalaya
PagawéanPangarang
KabangsaanIndonésia
GénréCarpon jeung hasil panalungtikan basa&sastra Sunda

Tini Kartini lahir di Tasikmalaya tanggal 29 Oktober 1933.[1] Sabada namatkeun SGA (Sakola Guru), kungsi jadi guru bari milu keurseus B-1 basa Sunda. Mangsa milu keurseus B-1, Tini sakelas pisan jeung Ahmad Bakri, pangarang produktif Ciamis téa.[2] Tuluy Tini nyuprih pangarti di IKIP Bandung, Jurusan Basa jeung Sastra Indonésia nepi ka tamat taun 1969.[3] Kungsi jadi girang serat jeung pupuhu Jurusan Bahasa & Sastra Indonésia IKIP Bandung Éksténsion Tasikmalaya (1970-1972).[3] Tuluy pindah ka Bandung, jadi staf Bidang Permusiuman (1972-1974) jeung staf Bidang Pendidikan Masyarakat (1974-1989) Kanwil Depdikbud Jawa Barat.[3] Kungsi jadi dosén luar biasa di Universitas Islam Nusantara (1984-1989).[3] Sabada pangsiun ti Depdikbud (1989) jadi dosén luar biasa di Universitas Pasundan.[3] Ti taun 1994 jadi kepala Perpustakaan Prof. Dr. Doddy A. Tisna Amidjaja.[1] Kapilih jadi Sesepuh Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem nu munggaran (1982-1990).[1] Sering kapeto jadi juri rupa-rupa sayémbara, di antarana saban taun jadi anggota juri Hadiah Sastra Taunan LBSS ti mimiti taun 1990 sarta Hadiah Sastra D.K Ardiwinata.[1] Salian ti éta, Tini ogé aktif di sawatara organisasi sosial non profit salaku girang serat Yayasan Keluarga Sejahtera Provinsi Jawa Barat jeung girang serat Yayasan Amal Bakti Ibu Provinsi Jawa Barat.[1]

Karya-karya Tini Kartini[édit | édit sumber]

Tini leuwih kasohor salaku pangarang carita pondok. Sawatara buku kumpulan carita pondokna nyaéta:[1]

  1. Jurig! (1963).
  2. Paséa (1965).
  3. Nyi Karsih (1984).
  4. Paméran.

Bukuna nu séjén mangrupa kumpulan dongéng Si Kabayan dijudulan Jurig Kabayan (1988).[2] Carpon Tini anu dijudulan Nyi Karsih kungsi diIndonésiakeun ku Ajip Rosidi.[2] Dimuat dina koleksi Dua Orang Dukun (Yayasan Obor Indonesia, 2001) bareng jeung tarjamahan tina karya para pangarang Sunda lianna, karangan Tini nu éta geus milu ngabeungharan sastra Indonésia.[2] Tini ogé kungsi nyundakeun sawatara carpon beunang para pangarang dunya kayaning Akutagawa Ryunosuke, Mishima Yukio, Soséki Natsumé, Somerset Maugham, John Stéinbeck, jeung lian-lianna deui. Tétéla, manéhna mah lain baé resep ngarang tapi deuih resep macaan karangan nu séjén.[2] Réa bahan babandingan, réa luang pikeun ngajembaran wawasan.[2] Salian ti nulis karya kréatif, Tini ogé réa ngayakeun panalungtikan ngeunaan basa jeung sastra Sunda, di antarana anu geus dibukukeun nyaéta

  1. Daéng Kanduruan Ardiwinata, Sastrawan Sunda (1979)
  2. Yuhana, Sastrawan Sunda(minangka Ketua Tim, 1979)
  3. Biografi dan Karya Pujangga Haji Hasan Mustafa (Ketua Tim, 1985)
  4. Struktur Cerita Pantun Sunda Masa 1945-1965 (Ketua Tim, 1978)
  5. M.A. Salmun, Sastrawan Sunda (Ketua Tim, 1987)
  6. Undak-Usuk Basa Sunda (Ketua Tim, 1977)
  7. Sastra Lakon dalam Bahasa Sunda (Ketua Tim, 1981)
  8. Pupujian dalam Bahasa Sunda (Ketua Tim, 1984)
  9. Pemakaian Bahasa Indonésia oléh Masyarakat Désa di Jawa Barat(Ketua Tim, 1985)
  10. Tokoh Si Kabayan: Karakter dan Perannya (Ketua Tim, 1989) tacan katingal dibukukeun.[1]


Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Tini Kartini Archived 2011-12-19 di Wayback Machine (Diakses tanggal 12 Oktober 2011)
  2. a b c d e f Tina Kahirupan Tini Kartini (Diakses tanggal 12 Oktober 2011)
  3. a b c d e Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage