Togé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Togé

Togé atawa Kacambah nya éta tutuwuhan (sporofit) ngora anu kakara mekar tina tahap embrio di jero siki. Tahap mekarna katelah perkecambahan jeung mangrupakeun salasahiji tahap dina jero kahirupan tutuwuhan.[1] Togé papasingana aya tilu: radikula (akar embrio), hipokotil, jeung kotiledon (daun lembaga).[2] Dua kelas tina tutuwuhan kembangan dibédakeun tina cacah daun lembagana: monokotil jeung dikotil.[3] Tutuwuhan anu siki na muka leuwih euyeub dina cacah daun lembagana.[4] acambah pinus misalna bisa ngabogaan dalapan daun lembaga, sababaraha jenis tutuwuhan kembangan henteu ngabogaan kotiledon, anu katelah ogé akotiledon[5].

Togé salaku Kadaharan[édit | sunting sumber]

Togé

Togé sering ogé digunakeun salaku kadaharan jeung diasupkeun salaku golongan sayur-sayuran[5]. Khazanah boga Asia niténan yén tauge salaku bagian tina menu masakan kaumuman. [5]Togé dianggap kadaharan séhat kusabab euyeub ku vitamin E ngan dikritik ogé kusabab sababaraha togé bisa ngabentuk zat antigizi. [5] Kacambah jelai anu kakoncara salaku malt digunakeun pikeun salasahiji bahan baku bir.[5] Malt ogé digunakeun salaku bagian tina inumeun séhat kusaba ngandung maltosa anu leuwih handap kalori tibatan sukrosa. [5]

Dihandap ieu mangrupakeun tutuwuhan togé anu bisa digunakeun ku manusa :

just for widening coloum just for widening coloum
  • Garden cress
  • Dill
  • Fenugreek
  • Garbanzo
  • Serai
  • Lentil
  • Selada
just for widening coloum just for widening coloum


Produksi Togé[édit | sunting sumber]

Togé

Dina nyieun togé dibutuhkeun sisikian atawa kakacangan anu séhat, henteu buruk, jeung bersih tina pestisida sarta lingkungana anu optimal mangrupa rohangan anu poék, lembab, jeung rohangan anu kadar caina nyukupan keur perkecambahan siki anu dimaksud[6]. Anu munggaran siapkeun wadah anu aya liangan jeung dadasarna datar. [6].tuluy di bagian dadasarna dihijikeun jeung kapas atawa lawon baseuh, diteundeun sasarap mangrupa mangrupa lawon anu mangrupakeun tempat nyaliara binih atawa siki.[6]. Dina tahap anu mimiti , dilakukeun tahap ngumbah jeung ngeueuman binih salila 6-8 jam ku cai langsung binih anu geus disiapkeun arék disebar dina tilam lawon anu geus disadiakeun .[6]. unggal 2-3 kali dina sapoé dicéboran ku cai anu bersih.[6]. Sanggeus 3-5 poé, Togé geus bisa dipanén. [6].

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. (en) Vahid Jajarmi (2009). "Effect of Water Stress on Germination Indices in Seven Wheat Cultivar". World Academy of Science, Engineering and Technology 49: 105-106.
  2. (en) AgEdLibrary.com (2006). "Parts of the Seed": 1-4.
  3. (en) AgEdLibrary.com (2006). "Parts of the Seed": 1-4.
  4. (en) AgEdLibrary.com (2006). "Parts of the Seed": 1-4.
  5. a b c d e f g (en) (en)Ireland. National Education Board (1899). Fourth book of lessons for the use of schools, Ireland. National Education Board.
  6. a b c d e f FG Winarno, Agustinah W, Barus T. (2009). Penuntun praktis usaha mandiri Teknobiologi Pangan, Penerbit Universitas Atma Jaya.

Pranala Luar[édit | sunting sumber]