Tongo

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Tongo
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Arthropoda
Class: Insecta
Order: Phthiraptera
Suborder: Anoplura
Family: Pthiridae
Genus: Pthirus
Leach, 1815
Species: P. pubis
Ngaran binomial
Pthirus pubis
(L., 1758, asalna Pediculus pubis)
Pthirus
Klasifikasi jeung sumber luar
ICD-10 B85.
ICD-9 132
DBPanyakit 10028
MedlinePlus 000841
eMedicine emerg/298 
MeSH B01.500.131.617.564.159.730

Tongo (Phthirus pubis, Pthirus pubis) nyaéta kutu/serangga parasit anu dipikaceuceub kusabab matuh dina baga manusa, tapi kungsi ogé kapanggih dina bulu panon, anu hirupna tina nyeuseup getih. Nepi ka kiwari, ieu kutu ukur kapanggih nyayang di manusa, najan aya ogé dulur deukeutna (Pthirus gorillae) anu nyayang di Gorila.

Daptar eusi

[édit] Klasifikasi

Tongo dina kulit nu katutupan baok

Dina dunya médis, dicoco tongo disebutna 'phthiriasis pubis', anapon mun dicocona dina kongkolak panon disebut phthiriasis palpebrarum.[1]

[édit] Tanda jeung gejala

Gejala utama dicoco tongo nyaéta ateul, utamana dina lebah anu katutupan baok, balukar tina hipersénsitivitas kana ciduh tongo, anu bakal leuwih parna sanggeus leuwih ti dua minggu ti saprak munggaran dicoco. Tapak nyocona kadang katémbong biru-kulawu (maculae caeruleae) anu bisa awét nepi ka sababaraha poé.

[édit] Tépa

Tongo dina beuteung

Ilaharna, tongo pindah jalma ku cara tepung awak, utamana sapatemon. Di nu saimah, tépana bisa ngaliwatan anduk anu dipaké bareng, pakéan, kasur, atawa klosét.

[édit] Natambaan

Tongo bisa ditatambaan ku krim 1% Permethrin jeung pyrethrin. Sanggeus kitu, hadéna mah baokna diparas jeung disisir pikeun ngaleungitkeun tongo jeung lisana nu geus paraéh. Lian ti éta, sakur sepré kudu diganti. Pikeun maéhan tongo nu bisa jadi aya dina sepré, éta sepré kudu dipalastikan sing pageuh ngarah euweuh hawa, sarta disimpen heula salila lima welas poé, terus diseuseuh.

[édit] Baca ogé

[édit] Rujukan

  • Crab louse. Wikipédia basa Inggris (disalin 14 Juli 2010).
  1. Manjunatha NP, Jayamanne GR, Desai SP, Moss TR, Lalik J, Woodland A. Pediculosis pubis: presentation to ophthalmologist as phthriasis palpebrarum associated with corneal epithelial keratitis. Int. J. STD AIDS 2006; 17: 424-426

[édit] Tumbu kaluar

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa