Tuyul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Tuyul nya éta hiji budak leutik anu kira-kira umurna 2-3 taun, kulitna hideung péot jiga kolot, kotor pisan jeung buligir, najan maké papakéan ogé ngan maké calana hungkul.[1]Dina sababaraha daérah di Indonésia pernah diramékeun ku ayana kajadian penampakan tuyul, contona di jalan bambu kuning daérah bekasi timur, atawa di daérah sawojajar Malang dina taun 1992.[1]Biasana saméméh aya isu jurig tuyul, sok dimimitian ku lobana masarakat sakurilingeunana anu ngalaman kaleungitan duit jeung dibarengan ku penampakan tuyul.[2]Lolobana masarakat percaya yén tuyul téh asalna tina roh janin manusa anu maotna teu wajar (biasana aborsi) tuluy dimanfaatkeun ku ngagunakeun ilmu hitam.[1]Biasana ieu jurig bisa katingali ku nu bogana jeung hiji jalma nu ahli supranatural saperti dukun, ajengan jeung sajabana.[1]Cara meunangkeun ieu jurig nya éta ku ngayakeun kontrak atawa perjanjian antara dukun jeung manusa nu hayang boga tuyul éta.[1]Kontrak dilakukeun ku ngalaksanakeun sababaraha sarat nu geus ditangtukeun ku dukun saperti méré duit atawa méré barang nu tangtu ka éta dukun, méréan sasajén sacara rutin dina ruangan nu tangtu, nyadiakeun tumbal atawa ngalakukeun semédi (tapa) ditempat nu sakral atawa keramat.[1]Tuyul dimanfaatkeun pikeun meunang kabeungharan sacara instan jeung ulah dipigawé sarua jeung munjung ka sétan satuluyna jadi musrik.[1]Salian ti kudu nyadiakeun sasajén dina poé-poé nu tangtu, tuyul ogé kudu disusuan ku awéwé ti anggota kulawarga jalma nu nginguna, najan ieun hal bakal mangaruhan kana kaséhatan jeung ieu jurig bisa diturunkeun atawa diwariskeun ka anak incu nepi ka tujuh turunan.[1]

Cara Néwak[édit | sunting sumber]

Nurutkeun salasaurang ahli supranatural ayana tuyul mindeng kajadian nalika hujan ti peuting, sabab ieu jurig dipercaya resep ulin ngomé cai jeung sato yuyu (sabangsaning ketam cai dina kulah).[1][2]Néwak tuyul kudu ku ahli supranatural, jeung dipancing dibibita ku kaulinan anu dipikaresepna.[2]Kaulinan nu dipikaresep ku tuyul sarua jeung kaulinan budak umumna, contona saperti maén kaléci.[2]Satuluyna lamun tuyul geus katéwak kudu diasupkeun kana jero wadah nu aya tutupan saperti botol atawa kéler.[1][2]Salian ti éta aya sababaraha cara pikeun ngaantisipasi jurig tuyul ngarah henteu babari maok duit nya éta ku cara ngagulungkeun duit terus dibeungkeut ku karét, nunda kaca di luhureun éta duit atawa tunda di luhur panto jeung hareupeun panto hareup, atawa nunda kangkalung bawang bodas di luhur panto.[1][2]


Arjuna Wayang.jpg


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. a b c d e f Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.