Udjo Ngalagena

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Mang Udjo
Gumelar5 Maret 1927
Bandung
Tilar dunya3 Mei 2001
Ngaran pénaUdjo Ngalagena
KabangsaanIndonésia
SubjékMusisi, Guru
PasanganUum Sumiati(Alm)

Udjo Ngalagena, dipikawanoh minangka Mang Udjo (gumelar di Bandung, Jawa Kulon, 5 Maret 1929 – maot 3 Méi 2001 dina umur 72 taun[1]) nyaéta seniman, pendidik, duta, aktivis angklung[2] sakaligus pangadeg Saung Angklung Udjo.[1] Mang Udjo anak kagenep ti papasangan Wiranta jeung Imi.[3] Udjo diajar angklung dina dua tangga nada dasar, nyaéta diatonik jeung péntatonik, hal ieu ngajadikeun anjeunna mahér dina maénkeun mangrupa-rupa jenis musik, ti mimiti musik tradisional Sunda nepi ka lagu-lagu populér Indonésia, ogé lagu ti negri Walanda.[1] Mang Udjo nikah jeung Uum Sumiyati, tina pernikahanna éta mang Udjo dipaparin 10 putra.[1]

Kaparigelan[édit | édit sumber]

Lian ti diajar angklung, mang Udjo ogé diajar silat, gamelan jeung lagu-lagu daérah dina wangun kawih jeung tembang.[3] Anjeunna diajar lagu-lagu nu nadana diatonis nalika anjeunna sakola di HIS, dina wangun lagu-lagu bahasa Indonésia jeung Walanda.[3] Mang Udjo lulus ti SGA taun 1950 di Bandung.[3] Bakat sarta pangabisana mingkin rumonjat nalika anjeunna jadi guru kasenian di sawatara sakola di Bandung.[3] Pikeun ngasah pangabisana, anjeuna nepungan ahli dina widangna. Téknik maén kacapi jeung lagu-lagu daérah diajar ka Mang Koko.[3] Gamelan, anjeunna diajar ka Raden Machjar Angga Koesoemadinata, sedengkeun angklung diatonis, anjeunna diajar ka Daéng Soetigna.[3] Mang Udjo jadi asisténna Daéng Soetigna, nu ngawakilan pikeun mingpin pagelaran musik.[1]

Pangadeg Saung Angklung Udjo[édit | édit sumber]

Saung Angklung Udjo anu diadegkeun dina 1996, ngaliwatan pasang surut jaman, tetep ngadeg nepi ka kiwari.[2] Di komunitas sagala bahan awi ieu, Mang Udjo lain waé ngalakukeun pintonan, nyieun angklung, narima sémah, tapi ogé teu eureun ngaluarkeun seniman-seniman angklung nu ngora.[2] Ngaranna mimiti dipikawanoh dina taun 1955 sabot manéhna kudu ngagantikeun guruna, Daeng Soetigna, ngalatih barudak pikeun maén angklung dina raraga KAA di Bandung.[2] Dina waktu sabulan, ku modal buku palajaran musik ti hiji kios di Alun-Alun, Udjo terus ngalatih budak didikna.[2] Katémbong suksés, angklung Mang Udjo saterusna jadi langganan pintonan di hareupeun sémah nagara Istana Merdeka.[2] Peran Udjo anu kungsi jadi guru sarta pangsiun ti Kanwil Depdikbud Jabar ieu éstuning rupa-rupa jasana.[2]

Bareng jeung "Bapa Angklung" Daeng Soetigna, manéhna nu ngamimitian ngamodifikasi angklung ti nada péntatonis ka diatonis.[2] Manéhna ogé ngawanohkeun musik ieu ngaliwatan pintonanna ka sagala beulahan dunya dina mangsa Menlu Mochtar Kusumaatmadja.[2] Hal éta ogé anu jadi sumebarna jumplukan musik angklung di sagala rupa nagara, kawas Jerman, Walanda, Swis, Afrika Kidul, sarta Jepang.[2] Mang Udjo anu kungsi narima béasiswa ti Gubernur DKI Jakarta Ali Sadikin pikeun ngayakeun studi banding ngeunaan ngokolakeun awi di Thailand (1971).[2] Manéhna ogé boga kebon anu dipelakan sagala rupa-rupa awi sangkan bahan awi pikeun nyieun angklung siap sadia bahanna.[2] Saung Angklung Mang Udjo nyaéta sarupaning imah, sanggar, atawa padépokan seni anu perenahna di Jalan Padasuka 118, Bandung Wétan.[4]

Cacak aya di sisi jalan, lokasi padépokan nu legana kira-kira dua héktar éta kawas ksumputkeun di antara pamukiman nu nyicingan di daérah padet.[4] Bédana kalayan imah nu nyicingan, wewengkon padepokan diriung ku lobana tangkal awi wulung sarta kalapa.[4] Jadi lamun asup, kaayaan lembur nu padet éta geura-giru kagantikeun ku iuhna daun awi nu aya.[4] Di tempat éta ogé saban poé sanggeus jam sakola puluhan barudak ti sabudeureun kampung diajarkeun nembang, ngigel, sarta maénkeun angklung.[4] Saterusna dina waktu soré, nyaéta saban pukul 15.30 nepi ka 17.30, kabéhanana diilubiungkeun dina pintoonan pikeun ngahibur nu datang.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e P4TKSB Jogja. Udjo Ngalagena Pendiri Saung Angklung Udjo[tumbu nonaktif]. Diaksés 15 April 2015
  2. a b c d e f g h i j k l Rosidi, Ajip. Rosidi, Ajip. (2003) Apa Siapa Orang Sunda. Kiblat. Jakarta. Kaca 460
  3. a b c d e f g Taman Ismail Marzuki. Udjo Ngalagena[tumbu nonaktif]. Diaksés 14 April 2015
  4. a b c d e f Saung Mang Udjo (Dicutat kaping 24 Oktober 2011)