Undur-undur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Undur-undur
Undur-undur sawawa, nyaru dina balok kai
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Superfamili:
Kulawarga:
Myrmeleontidae

Undur-undur mangrupa hiji kulawarga serangga dina orde Neuroptera, kagolongkeun salaku Myrmeléontidae (kadang diéjah Myrmeléonidae), tina basa Yunani "myrmex" (nu hartina "sireum") jeung "leo(n)" (nu hartina "lion"); genus nu paling dipikawanohna mah Myrmeléo. Ngaran undur-undur sabenerna mah nujul ka hambalan larva tina ieu kulawarga sato, sedengkeun bentuk sawawana mah arang langka aya nu méré ngaran, sabab tara katempo ku manusa (liar peuting).

Pedaran[édit | édit sumber]

Undur-undur sumebar di sakuliah dunya, utamana di patempatan garing nu keusikan, sedengkeun ukuranana béda-béda gumantung spésiésna (bébér jangjangna antara 2–15 cm). Ieu sato téh omnivora: larvana dahar serangga laleutik, sedengkeun nu sawawa mah kadaharanana kawas éngang.

Kamekaran[édit | édit sumber]

Sanggeus ngaliwatan hambalan pupa, undur-undur robah jadi serangga sawawa.

Daur hirup undur-undur dimimitian ku melak endog atawa "oviposisi". Mimitina undur-undur bikang nepakan keusik ku tungtung abdoménna, nu laju disusupkeun ka jero taneuh pikeun neundeun endogna. Sarupa jeung dulur-dulurna di dunya serangga, undur-undur salaku larva téh gangas pisan ka mangsana. Awakna diwangun ku ruas tilu pasang suku, protoraks nu ngabentuk beuheung pikeun hulu gedéna nu sihungan dua. Gumantung kana spésiésna, undur-undur bisa nyumput di jero keusik, handapeun dangdaunan, atawa nyelap dina kai.

Ninggang unggah hambalan, undur-undur nyieun kepongpong ku cara ngagulung keusik nu dibeungkeut ku serat nu dikaluarkeun tina tungtung awakna. Kepongpong ieu bisa aya dina keusik sababaraha sénti jerona, nepi ka wancina sawawa kira sabulan lilana. Jangjangna bakal mekar nepi ka sampurna dina waktu 20 menit, laju hiber néang pasanganana. Lilana hirup undur-undur, ti mimiti endogna diselapkeun dina keusik nepi ka sawawa téh bisa nepi ka 2-3 taun, di antarana gumantung kana aya/henteuna kadaharan dina mangsa jadi larva.

Undur-undur nu sawawa boga dua pasang jangjang nu leutik panjang-heureut, luyu jeung awakna nu abdoménna panjang. Najan pangawakanana mirip jeung papatong atawa papatong jarum, ieu serangga béda ti ordena kénéh. Béda nu utama nyaéta ayana anténeu nu panjang sarta pola urat jangjangna.

Legok 'bubu'[édit | édit sumber]

Legok 'bubu' undur-undur nu ilahar disebut 'liang undur-undur'

Undur-undur nyieun logak jang mangsana ku cara ngabetrikkeun keusik anu aya luhureun huluna, saeutik-saeutik bari muterkeun awakna. Beuki lila, logakna beuki jero sarta ngabentuk aseupan tibalik. Mun geus jadi, si undur-undur ieu cicing di handapeun dasarna, ukur sihungna anu nolol saeutik. Legokan ieu diaméterna rupa-rupa, ti ukur 1–2 cm nepi ka kira 7 cm, kalawan jero 1–5 cm.

ku sabab sisi logak téh diwangun ku keusik nu muruluk[1], serangga nu nincak lebah sisina téh bakal langsung tiporos ragrag kana logak. Barang gebrus, henteu antaparah deui si serangga bakal langsung ditewek ku sakadang undur-undur nu salawasna ngadodoho. Serangga nu tiporos nu nyoba nérékél bakal gagal naék, ku sabab nyorodot deui nyorodot deui, keusikna bakal terus muruluk ka dasar.

Rupa-rupa serangga bisa jadi korban legok 'bubu' undur-undur, kaasup lancah leutik. Nu diarah ti para mangsa téh cairanana, sahingga lamun geus garing mah éta sésa kadaharan téh dibetrikkeun deui ka luhur. Sanggeus kitu, ieu larva bakal ngabebenah deui legok 'bubu'na.

Mangpaat[édit | édit sumber]

Di masarakat Indonésia, aya sababaraha laporan nu nyebutkeun yén undur-undur bisa dipaké pikeun natambaan kasakit diabétes (tipe 2), tapi can aya laporan ilmiah ngeunaan bener henteuna hal ieu. Undur-undur hirup diasupkeun kana kapsul, lajeng dileueut unggal poé pikeun sababaraha waktu.[rujukan?]

Étimologi[édit | édit sumber]

Ngaran 'undur-undur' sigana mah dicokot tina watek ieu larva nu ojahna mundur, sedengkeun dina basa Jepang disebut "Ari-jigoku" nu hartina "naraka sireum". Istilah "ari-jigoku" ogé dipaké salaku babasan nu ngagambarkeun kaayaan hiji jalma (atawa naon baé) anu tiporos sahingga kakurung teu walakaya, ukur bisa nunggu katunggaraan anu bakal tumiba.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Antlion, Wikipédia édisi basa Inggris per 9 Méi 2007.
  1. Effects of slope and particle size on ant locomotion: Implications for choice of substrate by antlions, Botz, Jason T.; Loudon, Catherine; Barger, J. Bradley; Olafsen, Jeffrey S.; Steeples, Don W.; (J. Kans. Entomol. Soc.), ISSN 0022-8567, 2003, vol. 76, no3, pp. 426-435 abstract

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]