Urang Indo
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Urang Indo | |
|---|---|
| Populasi total: | kurang leuwih 4.000.000 |
| Populasi utama di: | Brunei, Filipina, Indonesia, Malaysia, Singapura, Belanda, Inggris Raya, Amerika Sarikat, Australia, Belgia, Afrika Selatan |
| Basa: | Melayu, Indonesia, Walanda, Inggris, Jerman |
| Ageman: | Islam, Kristen dll. |
| Séké sélér nu patali: | Malayu, Eropa |
Urang Indo (Basa Indonésia: Orang Indo, Basa Inggris: Indo people, Basa Walanda: Indische Nederlanders) nyaéta hiji istilah kanggo turunan urang Walanda (atanapi Éropa sacara umum) sareng urang pribumi Malayu atanapi urang Cina-Indonésia. Tapi kiwari istilah ieu kadang-kadang dianggo kanggo nyebatkeun rahayat Indonesia, singgetan tina urang Indonesia.
Di Walanda seueur urang Indo nu dongkap ka nagri Walanda ieu taun 1950-an. Ayeuna atos aya sajumlah kira-kira 1,5 yuta jiwa.