Urang aring
| Urang-aring | |
|---|---|
| Urang-aring, Eclipta alba | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| (unranked): | Angiosperms |
| (unranked): | Eudicots |
| (unranked): | Asterids |
| Order: | Asterales |
| Family: | Asteraceae |
| Genus: | Eclipta |
| Species: | E. alba |
| Ngaran binomial | |
| Eclipta alba (L.) Hassk. |
|
| Sinonim | |
|
Eclipta erecta |
|
Urang-aring nya éta ngaran tutuwuhan anu watangna ngarancabang, tumuwuhna biasana di sisi jalan, di lapang, atawa di sisi solokan. [1] Ieu tutuwuhan jangkungna ngan ukur nepi ka 80 cm, tumuwuhna ajeg ka luhur atawa nyanggeyeng. [1] Warna watangna héjo semu coklat, aya buluan warna bodas. Wangun daunna lansét, warnana héjo, tungtungna seukeut, sisina régé-régé lemes ampir rata, daunna kasar aya buluan warna bodas. [1] Kembangna majemuk warna bodas tur laleutik. Buahna panjang, ceper, heuras, tur buluan. [1]
[édit] Kandungan
Urang aring ngandung ecliptine, alfaTerthienylmethanol, 2-(Buta-1,3-diynyl)-5-(but-3-en-1-ynyl) thiophene, 2-(Buta-1,3-diynyl)-5-(4-chloro-3-hydroxybut-1-ynyl) thiophene, 5-(3-Buten-1-ynyl)-2,2'-bithienyl-5'-methyl acetate, wedelolactone. [1]
[édit] Mangpaat
Salian ti dimangpaatkeun pikeun nyuburkeun rambut, urang-aring mangpaat pikeun ubar pendarahan, nurunkeun panas, anti racun, [1] ubar jang utah getih, mimiseun, kiih getih, ngising getih, hepatitis, diare, kurang gizi, keputihan, jeung huisan. [2]
[édit] Referensi
- ↑ a b c d e f Urang-aring (id) (Diakses ping 16 Oktober 2011)
- ↑ urang-aringl (id) (Diakses ping 16 Oktober 2011)