Usmar Ismail

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Usmar Ismail

Usmar Ismail salasahiji tokoh nu ngayakeun pilem di Indonesia sakaligus nu ngarintis sandiwara modéren.[1] [2] Pilem-pilemna mindeng dilélér hadiah boh di Indonesia boh di Asia.[1] Usmar ogé aktip dina widang nulis sarta mindeng nyieun syair.[1] Lahir di Batu Sangkar Kabupaten Tanah Datar, Sumatera Barat tanggal 20 Maret 1921, ngantunkeun tanggal 2 Januari 1971.[1] Tujuh sadudulur ti pasangan Tumenggung guru OSVIA Bukittinggi, jeung indungna Siti Fatimah.[1]
Taun 1927 Usmar asup ka sakola di HIS Batu Sangkar.[1] Sanggeus lulus indit ka Padang pikeun nuluykeun atikan di MULO sarta nyokot jurusan IPA. [1] Taun 1938 hijrah ka Yogyakarta pikeun nuluykeun sakola ka AMS.[1] Lulus taun 1942.[1] Tuluy digawé di Pusat Kebudayaan (Keimin Bunka Sidosyo).[1] Kapapancénan jadi pangarang sagigireun aktip dina widang sandiwara.[1]
Taun 1994 bareng jeung babaturanana, Usmar Ismail nyieun hiji kelompok sandiwara nu dingaranan “Maya”.[1] Pupuhuna nya éta Rosihan Anwar jeung sababaraha anggotana saperti HB Jassin, Dr Abu Hanifah, jeung Usmar Ismail sorangan. [1] Salasahiji pilem nu suksés dipintonkeun nya éta “Taufan di Atas Asia” gubahan El-Hakim atawa Dr. Abu Hanifah. [1]
Dina dunya kapangarangan, Usmar Ismail nulis kumpulan sajak Puntung Berasap kalawan pamedal Balai Pustaka.[1] Salian ti éta, Usmar ogé nulis tilu buku lakon sandiwara nya éta "Lakon-lakon Sandiwara Sedih dan Gembira" (Balai Pustaka), sarta “Mutiara dari Nusa Laut (Pusat kebudayaan) dan Citra” (Gapura). [1]
Di Yogya, Usmar aktip dina widang kabudayaan, politik, jeung militér.[1] Usmar jadi anggota Badan Inteligen.[1] Pangkatna mayor di bagéan Penerangan Tentara.[1] Salian ti éta Usmar ogé ngarangkep jadi pupuhu majalah Arena nu medal di Yogyakarta.[1] Di ieu kota ogé dina periode 1946-1947 kapapancénan jadi Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI).[1]
Kagiatanana dina widang politik jeung militér ngabalukarkeun Usmar kudu nyanghareupan pamaréntah Hindia Belanda.[1] Usmar dituduh ngalakukeun gerakan subversive nepi ka dihukum tujuh bulan di pangberokan Jakarta.[1] Kaluar ti pangbérokan, Usmar digawé di South Pacific Film Corporation, nu mangrupa pangalaman munggaranana di dunya pilem.[1] Bareng jeung babaturanana, Usmar nyieun Perusahaan Film Nasional Indonesia (PERFINI).[2] Pilem munggaran hasil produksi PERFINI tanggal 30 MAret 1950 nya éta "Long March" atawa "Darah dan Doa".[2]
Alatan préstasi-préstasina, dina taun 1962 Usmar Ismail dilélér Piagam Wijaya Kusuma ti Presiden Soekarno.[1] Salian ti éta, Usmar ogé jadi salasahiji inohong nu miboga kalungguhan dina Akademi Téater Nasional Indonesia (ATNI).[1]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z Usmar Ismail Perintis Perfilman (Diakses tanggal 15 Nopember 2011) (id)
  2. a b c Usmar Ismail (Diakses tanggal 15 Nopember 2011) (id)


Replace this image male.svg