Usopp
Usopp nya éta salah sahiji karakter fiksi dina Manga jeung Anime One Piece.[1] Usopp nya éta penembak jitu di kelompok Bajak Laut Topi Jerami.[1] Usopp nya éta kru topi jerami anu paling borangan.[1]
Ngaran Usopp dicokot tina basa Jepang "uso" (うそ) anu hartina wadul atawa jelma tukang ngawadul.[2]
Daptar eusi |
[édit] Panggih Jeung Luffy
Usopp papanggih jeung luffy di Desa Syrup, di desa éta Luffy gelut jeung kelompok bajak laut Kuroneko anu di pimpin ku kapten Kuro anu nyamar jadi pelayan salah sahiji warga anu benghar, pikeun nguasaan hartana.[3] Sabada ngelehkeun bajak laut Kuroneko, Usopp ngabubarkeun kelompok bajak lautna anu anggotana tilu urang budak leutik, tuluy Usopp diajakan jadi anggita bajak laut topi jerami.[4]
[édit] Sogeking
Salila di Grand Line Usopp ngarasa lemah, tungtungna Usopp kaleungitan percaya diri.[1] Sabada di Water 7 Usopp gelut jeung Luffy, nu ahirna Usopp kaluar ti kelompok topi jerami.[5] Sabada éta, Usopp di tewak ku CP 9, nu ahirna Usopp di leupaskeun ku Sanji.[6] Usopp ahirna indit ngabantuan Luffy pikeun ngabebaskeun Nico Robin kucara nyamar jadi Sogeking.[7]
Di Enies Lobby Usopp dititah ku Luffy sangkan ngaduruk bendera pamarentah dunia, anu andakeun perang jeung pamarentah nu aya di Enies Lobby.[1] Sabada perang di Enies Lobby, Sogeking (Usopp) boga harga buronan 30 juta berry sabada difonis salah kulantaran ngaduruk bendera Pamarentah Dunia.[1]
[édit] Jadi Ksatria
Usopp di teleport Kuma ka hiji pulo nu ngarana Pulo Boin, di pulo ieu pinuh ku tangkal Karnivora anu gedé sarta dina permukaan tangkalna aya kadaharan anu ngeunah.[1] Di pulo éta aya hiji ksatria ngarana Heraclesun anu nulungan Usopp, kusabab lobana kadaharan dina éta pulo, Usopp jadi gendut nepi ka hese bagerak.[1] Sabada maca koran nu ngagambarkeun kaayaan Luffy, Usopp menta tulung ka Heraclesun sangan ngajarkeun manéhna jadi ksatria.
Dua taun geus kitu, Usopp balik deui ka Pulo Shabaody tuluy panggih jeung Nami di bar, Usopp ningalikeun pakarang anyarna anu mampu ngaluarkeun tutuwuhan anu ngadahar manusa ka kru topi jerami anu palsu.[1]