Usum halodo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Taneuh garing kahalodoan

Usum Halodo nyaéta robahna iklim di Bumi tina usum hujan ka usum halodo [1], atawa ka hawa anu baseuh ka hawa anu garing.[2] di Indonésia usum halodo biasana datang dina antara bulan April nepi ka Séptémber.[2] Usum halodo ditandaan ku jumlah curah hujan anu leutik pisan atawa sakapeung euweuh hujan.[2] Numutkeun BMKG (Badan Metéorologi Klimatologi dan Géofisika) yéh curah hujan dina usum halodo kira-kira 60 mm per bulan atawa 20mm per dasarian.[2]

Dampak Usum Halodo[édit | édit sumber]

akibatna tina usum halodo réa, di antarana waé : Suhu hawa anu pohara luhur, robahna cuaca sacara fluktuatif, mindeng ngabalukarkeun lemahna kaayaan awak manusa ti sagala rupa panyakit alatan pancaroba, sarta lamun usum halodo katutuluyan bida nepikeun ngabeuleum leuweum anu mindeng kajadian di Kalimantan.[3] Akibat séjén ti usum halodo pohara mangaruhan kana sektor tatanén.[3] Taneuh tatanén baris ngalaman garing ku kituna ngaréwong prosés tumuwuh sarta jadi bangbalu pikeun prosés metabolisme pepelakan tatanén.[3] Ku kituna usum panén henteu maksimal.[3] Henteu ngan éta kabérésihan cai henteu kajamin karen sawatara wewengkon anu tingkat kesuburan caina kawates sarta ngabalukarkeun garing.[3] Ogé usum halodo pohara mangaruhan pisan ayana titik‐titk seuneu anu ngabalukarkeun sagala rupa kabakaran leuweung di Indonésia.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Halodo
  2. a b c d (id)Musim di indonesia Archived 2016-03-04 di Wayback Machine (diaksés tanggal 14 November 2011)
  3. a b c d e f (id)musim [tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 14 November 2011)