Wahyu Wibisana
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
(Tasikmalaya, 19 Januari 1935) Panyajak Sunda, Panulis skenario ngarangkep Sutradara. Nyuprih atikan di SR, OVVO (1950), Sakola Guru B (1952), KGA (1952), sarta cacap meunang gelar sarjana di IKIP Bandung (ayeuna UPI) taun 1981. Kalintang réa karyana dina wangun puisi anu saterusna disanggi ku Mang Koko (alm) jadi kawih abadi, saperti “Bulan Bandung Panineungan”, “Kembang Tanjung Panineungan”, “Reumis Beureum dina Eurih”, “Samoja”, jsté. Sajaba ti jadi sastrawan, Wahyu kungsi ogé jadi guru, jurnalis, aktivis di sababaraha organisasi kasundaan. Anjeunna ogé salasahiji panaratas Majalah Manglé di Bogor.
Karya-karyana [édit]
- Dua Utusan (1956)
- Wangsit Siliwangi (1964)
- Tonggérét Banén (1967)
- Mundinglaya di Kusumah (1975)
- Geber-Geber Hihid Aing (1976),
- Tukang Asahan (1978),
- Urang Naon di Cinaon (Kumpulan Sajak-1992)
- Riring-Riring Ciawaking (Kumpulan Dangding, 1999)
- Anaking Jimat Awaking (Kumpulan Prosa Lirik, 2002)
Rujukan [édit]
http://daluang.com/baca/isi/wahyu-wibisana
| Artikel ngeunaan sastra ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |