Waluh konéng

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Waluh konéng
Waluh konéng
Klasifikasi ilmiah
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Violales
Family: Cucurbitaceae
Subfamily: Asteridae
Genus: Cucurbita
Species: Cucurbita moschata Durch

Cucurbita pepo atawa buah waluh konéng ka asup tututwuhan C3 ku sabab fiksasi karbon organik anu munggaran nya éta senyawa karbon tilu, 3-fofogliserat.[1] Tutuwuhan C3 nya éta tutuwuhan anu fiksasi karbon mimitina lumangsung ngaliwatan rubisco, enzim siklus Calvin anu nambahan CO2 dina ribulosa bifosfat. [1] Waluh konéng mangrupa salah sahiji jenis pepelakan sayuran anu ngarambat, ka asup famili Cucurbitaceae. Kagolong pepelakan samusim, lamun geus buahan bakal langsung maot.[2] Pepelakan ieu dibudidayakeun di nagara-nagara Afrika, Amerika, India, jeung Cina.[2]

[édit] Kandungan Gizi

Waluh konéng mangrupa jenis pepelakan anu produktif, ku sabab unggal 1 héktar bisa ngahasilkeun 20-40 ton buah waluh konéng.[3] Waluh ogé miboga kandungan vitamin A, B, jeung C, mineral, sarta karbohidrat. [3]Dagingna ngandung antiokisidan pikeun nyingkahan kanker.[3] Sipat waluh anu beyé jeung babari dicerna sarta ngandung karoten (pro vitamin A), lian ti éta bisa nambahan warna dina olahan kadaharan. [3] Kandungan séjéna nya éta asak lemak utama,nu ngawengku asam linoleat, asam oleat, jeung saeutik asam linolenat. [1] Salain ti éta aya vitamin E (tokoferol) jeung karotenoid, nya éta lutein jeung beta-karoten ogé dina jero daging sikina.[1] Hormon beta-sitosterol éta téh miboga mangpaat pikeun neken gawéna enzim 5-alfa-reduktase.[1] Enzim ieu téh bakal ngurangan kna ngabentukna hormon dihidrotestosteron tina hormon testoteron.[1] Alatan kitu, kelenjar prostat bisa disingkahan.[1] Kandungan séjéna nya éta asak lemak utama, anu ngawengku linoleat, asam oleat, jeung saeutik asam linolenat. [1] Siki waluh konéng miboga kandungan sajumlahing zat, di antarana sajenis asam amino anu langka (saperti m-karboksifenilalanina, pirazoalanina, asam aminobutirat, etilasparagina, dan sitrulina) jeung sajumlahing asam amino anu séjén anu diperlukeun kelenjar prostat (semisal alanina, glisina, dan asam glutamat).[1] Sikina téh miboga kandungana unsur mineral Zn (seng) jeung Mg (magnesium)anu dipikabutuh pikeun kaséhatan organ reproduksi, kaasup kelenjar prostat.[1]

[édit] Mangpaat

  1. Nyingkahan Kanker. Vitamin anu aya dina waluh konéng téh alus pikeun kulit saperti vitamin A, vitamin C jeung Alpha hydrox-acid.[4]
  2. Nyingkahan kokoloteun. Kandungan beta-carotene nya éta sumber antioksidan dina waluh konéng bisa nyingkahan kokoloteun. [4]
  3. Ningkatkeun Sistem Imun. Ku sabab aya kandungan mineral zinc anu jadi andelanana waluh konéng.[4]
  4. Nurunkeun Osteoporosis. Zinc dina waluh konéng bisa nguatkeun tulang. [4]
  5. Nyingkahan panyakit jantung. [4] Betakaroten anu aya dina waluh konéng miboga peran pikeun nyingkahan serangan jantung.[5]
  6. Nyingkahan panyakit Arthritis. Siki waluh konéng miboga kandungan zat anti peradangan anu gunanana nurunkeun gejala arthritis.[4]
  7. Ningkatkeun kekebalan dina awak.[4] Sementara kandungan vitamin B1, C, jeung seratnya bisa nyingkahan panyakit jantung jeung struk.

Mangpaat lainna nya éta ngubaran demam, migrain, diare, panyakit ginjal. [4]

[édit] Referensi

  1. a b c d e f g h i j Khasiat Buah Labu Kuning (Dicutat tanggal 13 Oktober 2011)
  2. a b Tanaman Labu Kuning (Dicutat tanggal 13 Oktober 2011)
  3. a b c d Pemanfaatan Labu Kuning menjadi Tepung Labu (Diacutat tanggal 13 Oktober 2011)
  4. a b c d e f g h Khasiat Buah Labu Kuning (Dicutat tanggal 13 Oktober 2011)
  5. Aneka Jenis Labu Kaya Serat Penuh Manfaat (Dicutat tanggal 13 Oktober 2011)
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa