Warna primér

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Warna primér nurutkeun téori warna pigmén ti Brewster nyaéta warna-warna dasar. Warna-warna séjén dijieun tina kombinasi warna-warna ieu.

Téori warna cahaya[édit | sunting sumber]

Mimitina, manusa nganggap yén warna primér téh kawangun ku warna beureum, konéng, jeung héjo. Tapi dina panalungtikan satuluyna, disebutkeun tilu warna primér téh nyaéta:

  1. Beureum (kawas warna getih)
  2. Biru (kawas warna langit atawa laut)
  3. Konéng (kawas warna konéng endog)

Warna ieu saterusna dipikawanoh salaku warna pigmén primér anu dipaké dina dunya seni rupa. Campuran dua warna primér ngahasilkeun warna sékundér. Campuran warna sékundér jeung warna primér ngahasilkeun warna térsiér.

Téori warna pigmén[édit | sunting sumber]

Sacara téknis, beureum - konéng - biru, sabenerna lain warna pigmén primér. Tilu warna pigmén primér nyaéta magénta, konéng sarta cyan. (Ku alatan éta lamun nyebutkeun "beureum, konéng, biru" minangka warna pigmén primér, mangka "beureum" nyaéta cara anu kurang akurat pikeun nyebutkeun "magénta" sedengkeun "biru" nyaéta cara anu kurang akurat pikeun nyebutkeun "cyan"). Biru sarta héjo nyaéta warna sékundér dina pigmén, tapi mangrupa warna primér dina cahaya, babarengan jeung beureum.

Landasan biologis[édit | sunting sumber]

Warna primér nyaéta lain milik cahaya, tapi leuwih mangrupa konsép biologis, anu didasarkeun kana réspon fisiologis panon manusa kana cahaya. Sacara fundaméntal, cahaya nyaéta spéktrum sinambungan ti panjang gelombang, anu hartina aya jumlah warna anu teu kahingga. Tapi, panon manusa normalna ngan ngabogaan tilu rupa pakakas panarima/réséptor anu disebut sél congcot (anu aya dina rétina). Ieu anu ngaréspon panjang gelombang cahaya tinangtu. Manusa sarta spésiés séjén anu ngabogaan tilu rupa réséptor warna disebut mahluk trichromat.

Spésiés anu dipikawanoh minangka tetrachromat, nu boga opat réséptor warna, ngagunakeun opat warna primér. Manusa ngan bisa nempo gelombang nu panjangna nepi ka 400 nanométer, warna wungu, sedengkeun mahluk tetrachromat bisa nempo warna ultraviolét (saluhureun wungu]] nepi ka 300 nanométer, warna primér kaopat ieu jigana perenahna dina spéktrum nu panjang gelombangna leuwih pondok, sarta jigana warna magénta spéktral murni leuwih ti saukur magénta anu ku urang katempo minangka campuran tina beureum jeung biru.

Réa sato tina golongan manuk jeung sato marsupial mangrupakeun mahluk tetrachromat.

Warna primér aditif[édit | sunting sumber]

Campuran warna aditif

Pakakas / média anu ngagabungkeun pancaran cahaya pikeun nyiptakeun rasa warna ngagunakeun sistem warna aditif. Televisi nyaéta anu pangilaharna. Warna primér aditif nyaéta beureum, héjo jeung biru. Campuran warna cahaya beureum jeung héjo, ngahasilkeun nuansa warna konéng atawa jingga. Campuran héjo jeung biru ngahasilkeun nuansa cyan, sedengkeun campuran beureum jeung biru ngahasilkeun nuansa wungu jeung magénta. Campuran kalawan proporsi saimbang ti warna aditif primér ngahasilkeun nuansa warna kulawu; lamun tilu kelir ieu dihijikeun, mangka hasilna nyaéta warna bodas. Ruang warna/modél warna anu dihasilkeun disebut RGB (red, green, blue).

Warna primér subtraktif[édit | sunting sumber]

Média anu ngagunakeun pantulan cahaya pikeun ngahasilkeun warna, maké padika campuran warna subtraktif.

Tradisional[édit | sunting sumber]

Beureum, konéng, biru / RYB (red, yellow, blue) mangrupakeun runtuyan sajarah tina warna primér subtraktif, hususna dipaké dina seni rupa (seni lukis). Ruang warna RYB ngajadikeun triad warna primér dina hiji bunderan warna standar; ogé warna sékundér: wungu, oranyeu/jingga sarta héjo. Triad warna kaususn ku 3 warna anu ekuidistan (jarakna sarua) dina hiji bunderan warna.

Pamakéan warna beureum, biru, konéng minangka warna primér ngahasilkeun gamut (wengkuan warna) anu rélatif heureut, di mana, sawatara warna henteu bisa dihontal ku campuran kasebut. Alatan alesan éta, pacitakan warna modéren ngagunakeun campuran warna magénta, konéng, cyan.

CMYK[édit | sunting sumber]

Dina industri pacitakan, pikeun ngahasilkeun warna variatif, dilarapkeun pamakéan warna primér subtraktif: magénta, konéng sarta cyan dina ukuran anu rupa-rupa.

Campuran warna subtraktif

Campuran konéng jeung cyan ngahasilkeun nuansa warna héjo; campuran konéng jeung magénta ngahasilkeun nuansa warna beureum, sedengkeun campuran magénta jeung cyan ngahasilkeun nuansa biru. Dina téori, campuran tilu pigmén ieu dina ukuran anu saimbang baris ngahasilkeun nuansa warna kulawu, sarta baris jadi hideung lamun tiluanana disaturasikeun sacara pinuh, tapi dina prakprakanana hasilna condong jadi warna kotor semu coklat. Ku alatan éta, remen ogé dipaké kelir kaopat, nyaéta hideung, minangka tambahan ti cyan, magénta sarta konéng. Ruang warna anu dihasilkeun saterusna disebut CMYK (Cyan, Magenta, Yellow, Black). Hideung disebut "K" (key) tina istilah "key plate" dina pacitakan (plat citak anu nyiptakeun rinci artistik dina gambar, biasana ngagunakeun warna mangsi hideung).

Tempo ogé[édit | sunting sumber]