Wayang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wayang Golek

Wayang mangrupa wangun téater rahayat anu kawéntar pisan. [1] [2] Jalma sok makaitkeun kecap wayang jeung bayang atawa kalangkang, sabab dina pagelaran wayang kulit digunakeun layar anu warnana bodas jadi jalma anu dilalajoan téh kalangkang di tukangeunana. [1][2][3] Tapi, aya ogé nu boga pamadegan yén ku urang lalajo wayang saenyana mah jalma keur nalingakeun kalangkang hirup manusa nu ka gambar dina lalakon wayang.[1][2] Di Jawa Barat wayang aya anu ngagunakeun bonéka (tina kulit jeung tina kai) jeung aya ogé nu dipaénkeun ku manusa (wayang orang).[1][2] Anu maké bonéka tina kulit disebut wayang kulit sedengkeun anu maké tina kai disebut wayang golék.[1] Wayang kulit umumna nyokot lakon tina Mahabarata atawa Ramayana, boh Galur boh Carangan, ayana di daérah kabudayaan Cirebon jeung daérah kabudayaan Batawi.[1] Di daérah Cirebon ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon pélog, sedengkeun di daérah kabudayaan Batawi ngagunakeun basa Batawi dipirig ku gamelan Sunda (saléndro).[1] Wayang golék aya dua rupa, nya éta Wayang Golék Purwa di daérah Sunda ngagunakeun basa Sunda anu dipirig ku gamelan Sunda, jeung Wayang Golék Papak atawa wayang golék cepak nu ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon.[1][2]Wayang anu dipaénkeun ku manusa anu ngagunakeun pakéan jeung panutup hulu wayang nu niron wayang kulit, tapi antawacana dilakukeun ku dalang.[1]Dalang nya éta pamingpin pagelaran wayang, manéhna nu ngamaénkeun wayang, nembangkeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jrrd.[1][2]

Wayang Bendo[édit | sunting sumber]

Wayang Bendo nya éta salah sahiji wayang anu dijieun tina kai (saperti wayang golék purwa) maké mahkota satria saperti bendo sumberna tina Wayang Papak, Cirebon.[1]Carita anu dilalakonkeun; carita babad (Babad Banten, Babad Cirebon), carita Amir Hamzah, Malik Sep Bin Yazin, jrrd, sarta dipirig ku gamelan pélog. [1]Ayana wayang bendo di Bandung téh ku alpukah Bupati Bandung Wiranatakusumah III anu dina taun 1892 ngondang dalang M. Usup ti Losari, Cirebon dina acara khitanan anakna (Aom Nuharam).[1]Tuluy maréntahkeun M. Usup supaya ngalatih ngamaénkeun wayang bendo ka dalang-dalang di Bandung.[1]Saterusna M. Usup pindah ka Bandung.[1]Ti mimiti harita wayang bendo kasohor di Bandung.[1]Kaparigelan salaku dalang wayang bendo diwariskeun kadua anakna anu ngarana Ratim jeung Rasta, sarta ka muridna anu ngarana Karim.[1]Wayang bendo beuki lila beuki dipikaresep, leuwih-leuwih saengges aya dalang Emon.[1]

Wayang Golék Modern[édit | sunting sumber]

Wayang Golék Modérn nya éta wayang anu jagatna siga panggung sandiwara jeung ngagunakeun trik dina pagelaranna diantarana aya permainan listrik, salila kurang leuwih 2 jam, dipaénkeun ku leuwih ti saurang dalang anu teu katempo ku panongton, nepi ka wayang golék bisa gerak simultan.[1]Anu ngawanohkeunana nya éta R. U. Partasuanda nu hayang nyaluyukeun pagelaran wayang golék jeung kahirupan modérn.[1][4] Ku sabab isukana jalma kudu mangkat ka kantor jadi pagelan wayang disingget nepi ka teu ngaganggu kana pagawéan sapopoé.[1]Minangka daya pangirut, sok aya sababaraha trik paméntasan anu ngagunakeun listrik, misalkeun trik nalika perang.[1]Ieu trik tuluy leuwih dimekarkeur sacara inténsif ku dalang Asep Sunandar Sunarya dina dasawarna 1970-an jeung 1980-an.[1]Wayang golék modérn salian ti Bandung, pernah dipintonkeun di Jakarta, Yogyakarta, jrrd.[1]Tapi jenis wayang golék ieu teu pernah popular.[1]Mimiti diwanohkeun dina taun 1950-an, dina dasawarsa saterusna geus (hampir) teu pernah katempo deui aya pagelaranana.[1]

Wayang Golék Papak[édit | sunting sumber]

Wayang Golék Papak disebut ogé Wayang Golék Cepak.[1][5] Meureun pedah huluna sakabéhna papak (rata). [1][5]Wayang golék anu popular jeung sumebar di daérah Cirebon, ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan pélog saperti wayang kulit Cirebon.[1]Lakon anu dipaénkeun nya éta babad atawa legenda satempat, umumna pakait jeung Babad Cirebon, saperti Babad Dermayu, Ilangé Mémolo Mesjid Agung (Hilangnya Kubah Masjid Agung), Pangeran Walangsungsang, Babad Japura, Babad Karangsuwung, Babad Jatisura, Sayembara Nyi Mas Gandasari, jrrd.[1]Atawa lakon-lakon tina siklus Serat Menak, nya éta kisah-kisah Wong Agung Amir Ambyah (Hamzah), Umar Maya, jrrd.[1]Nepika aya sebutan wayang golék Menak.[1] Di sagigireun éta wayang golék papak dipaké keur maénkeun lakon-lakon Panji saperti Panji Asmarabangun, Jaransari, Damarwulan, jrrd.[1] Numutkeun leluri, dina mangsa Cirebon diparéntah ku Panembahan Adiningrat Kusumah (1649-1655), saurang senapati kasultanan Cirebon anu ngarana Pangeran Sutajaya anu gelarna Pangeran Papak, ngahadiahkeun saperangkat wayang golék ka Ki Prengut, dalang nu kasohor basa harita. Ti harita wayang paméré Pangeran Papak dipaké ngawayang ku Ki Prengut jeung disebut wayang golék papak.[1]Diperkirakeun wayang golék papak ieu leuwih ngora tibatan wayang kulit purwa, sabab bentuk wayang golék papak ngagambarkeun tironan tina wayang kulit, suluk jeung antawacanana ogé nurutan wayang kulit, sedengkeun lakonna ngaorientasi ka jaman saengges aya pangaruh Islam.[1]Lamun dina wayang kulit atawa wayang golék aya panakawan Semar, Cepot, Dewala jrrd, dina wayang golék cepak panakawan nu pasti aya téh Lamsijan.[1]Dalang wayang golék papak anu kasohor diantarana Ali Wijaya (Sindanglaut), Tayut jeung Tarkam (Junti), Kamaruddin, Marta (Kapétakan), Warsad jeung Royani (Gadingan).[1] Salian ditanggap ku jalma-jalma boga hajat, wayang golek papak ditanggap ogé nalika Sedekah Bumi (di makam), ngunjung, nadran, taun anyar Cina (di klenténg).[1] Ku sabab kadieunakeun masarakat leuwih resep nganggap tongtonan lian (tarling, masrés, wayang kulit, band), jadi nasib wayang golék papak beuki kapopohokeun.[1]

Wayang Golék Purwa[édit | sunting sumber]

Wayang Golek Purwa karakter Batara Indra

Wayang Golék Purwa nya éta wayang anu lakon-lakonna boh galur boh carangan, dumasar kana Mahabarata atawa Ramayana, ngagunakeun basa Sunda dipirig ku gamelan saléndro nu ngawengku dua saron, peking, selentem, bonang, saperangkat bonang rincik, saperangkat kenong, sapasang gong (kempul jeung goong), ditambah saperangkat gendang (gendang indung jeung tilu kulantér), gambang, jeung rebab.[1][2] Salila pagelaran nu jadi pamingpin téh dalang. [1]Manéhna anu maénkeun wayang, nembangkeun suluk, nyoarakeun dialog (antawacana), méré aba-aba ka nayaga pikeun ngatur lagu gamelan.[1][2]Ku lantaran éta dalang peranna sentral pisan.[1][2] Ti mimiti taun 1920-an, salila pagelaran wayang golék dipirig ku sindén.[1][2] Pernah popularitas sindén ngéléhkeun dalang.[1][2] Nya éta nalika Upit Sarimanah jeung Titim Patimah aya dina puncakna (sakitar taun 1960).[1] Lamun diajak lalajo wayang golék téh, jalma lain nanya saha dalangna tapi saha sindénna.[1] Dina wayang golék, lakon anu sering di pentaskeun nya éta carangan.[1][2]Ngan kadang aya baé lakon galur dipaénkeun.[1] Para dalang siga diukur dina kamahéranna nyiptakeun lakon carangan anu alus jeung matak ngirut.[1]Dalang wayang golek anu kasohor diantarana Tarkim, R.U . Partasuanda, Abeng Sunarya, Entah, Apek, Asep Sunandar Sunarya, Cecep Supriadi jrrd.[1] Wayang golék di pentaskeun lamun aya anu nyunatan atawa nikahan, ruatan boh diayakeun di buruan imah boh di jero gedong.[1]

Wayang Kulit[édit | sunting sumber]

Wayang Kulit

Wayang Kulit anu aya di Jawa Barat, boh di wilayah budaya Cirebon boh di wilayah budaya Batawi, nya éta wayang kulit purwa, anu lakon-lakonna dumasar Mahabarata jeung Ramayana.[1] Tapi anu sok dipentaskeun mah lakon-lakon Carangan, saperti wayang golék purwa, sarta kahebatan dalang utamana ditangtukeun ku kaparigelan jeung kréatifitas nyiptakeun lakon.[1]Ngan hanjakal lolobana lakon ngan dijieun ukur dipaénkeun dina sakali pagelaran, jadi loba nu teu kacatet.[1] Tapi teu loba ogé dalang anu enya-enya kréatif nyiptakeun lakon anu tahan uji, sanajan aya lakon-lakon anu jadi popular sacara anonim, saperti Ceblok Melahirkan (meureun diilhami ku bentuk wayang Ceblok anu bucitreuk siga keur kakandungan), Arjuna Kembar (dituturkeun ku Gatotgaca Kembar, Semar Kembar jeung sarupana), Semar Mantu.[1] Anu kasohor alatan kaparigelan ngadalang jeung nyiptakeun lakon nya éta dalang Abyor, sabab lakon-lakon ciptaanna loba nu ngabahas masalah-masalah agama jeung katuhanan.[1] Dina wayang kulit Cirebon, jumlah panakawan lain 4 siga dina wayang kulit Yogya-Solo (Semar, Garéng, Pétruk, Bagong) atawa wayang golék Sunda ( Semar, Cépot, Déwala, Garéng), tapi aya 9 (Semar, Sekarpandan atawa Curis, Bagong atawa Astrajingga, Ceblok, Cungkring atawa Pétruk, Udawala atawa Dawala, Bitarota, Garéng, jeung Bagalbuntung).[1]

Wayang Purwa[édit | sunting sumber]

Wawacan Wayang Purwa. Lakon wayang purwa anu ditulis dina wangun danding ku M. Winata Hardja, diwengku ku sababaraha jilid.[1] Jilid kahiji diterbitkeun ku pangurus Paguyuban Pasundan cabang Tasikmalaya minangka tarékah ngumpulkeun dana keur ngadegkeun wangunan H.I.S Pasundan, tapi jilid-jilid saterusna mah teu jelas saha nu nerbitkeunana, aya anu dicetak di Tasikmalaya, Bandung, aya ogé anu ditambahan katerangan dina jilidna yén nu boga hak cipta (hak nu ngarang) buku téh nya éta M. W. Elil, Indihiang.[1]Anu ayeuna bisa kapanggih ngan nepika jilid VII A nya éta nalika Arjuna panggih jeung Subadra basa nongton sayembara marebutkeun Drupadi. [1]Ku sabab Arjuna main mata jeung Subadra, Arayana (Kresna) jadi ambek tuluy nangtang Arjuna gelut.[1] Numutkeun panulisna dina bubuka jilid kahiji, wawacan téh ditulis dumasar pakem ti Tegal, nurutan dalang Jayaatmaja. [1] Teu jelas naha dalang Jayaatmaja téh dalang Wayang Kulit atawa Wayang Golék. Ku lantaran dumasar kana versi wayang, Wawacan Wayang Purwa ieu béda jeung Mahabarata nu ditulis ku R. Memed Sastrahadiprawira spk.[1] Di jerona aya tokoh Semar jeung anak-anakna.[1]Ki Umbara nyieun versi prosa tina ieu wawacan, dijeun bersambung dina majalah Manglé.[1]

Wayang Topéng (Wayang Wong)[édit | sunting sumber]

Wayang Topéng (Wong)

Wayang Topeng nya éta pagelaran sarupa wayang anu ngagunakeun Kedok nu baheula sok dipentaskeun di daérah kabupatén Cirebon, Indramayu, Majalengka.[1][5] Lakonna lain baé lakon wayang purwa. [1] Salah sahiji lakon anu kasohor nya éta Jaka Bluwo anu nyaritakeun karajaan Majapahit.[1]Ku sabab para pamaén kudu ngagégél tali kedokna sewang-sewangan, iwal Semar anu maké kedok satengah, teu bisa ngalakukeun dialog. [1][3] Antawacana atawa dialog diucapkeun ku dalang siga pagelaran wayang kulit. [1]Kedok nu kudu disadiakeun keur pagelaran wayang topéng, jauh leuwih loba tibatan topéng babakan, nya éta saluyu jeung jumlah tokoh anu aya dina pagelaran.[1] wayang topéng Cirebon bisa disebut geus euweuh, ku tilar dunyana dalang Kandeg Padmawiyata. [1] Rombongan wayang topéng nu dipingpin ku Kandeg Padmawiyata téh anu pamungkas. [1]Kandeg pernah mentaskeun wayang topéng di Taman Ismail Marzuki, Jakarta.[1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo bp bq br bs bt bu bv bw Rosidi,Ajip Spk. 2000.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Halaman 698-700
  2. a b c d e f g h i j k l Amir dkk. 2007. Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung:Basen Press. Halaman 85
  3. a b Rusliana,Iyus.2002.Wayang Wong Priangan.Bandung:Kiblat. Halaman 25
  4. Ruhaliah. 2002. Sajarah Sastra Sunda. Bandung:JPBD FPBS UPI. Halaman 111
  5. a b c Sedyawati,Edi. 2006. Seni Pertunjukan. Jakarta:Buku Antar Bangsa. Halaman 56