Wewengkon di Jepang
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Bagean pamarentahan Jepang |
|---|
| Tingkat wewengkon |
| Wewengkon (地方 chihō) |
| Tingkat préféktur |
| Préféktur (都道府県 todōfuken) |
| Tingkat subpréféktur |
| Subpréféktur (支庁 shichō) |
| Kota metropolitan (政令指定都市 seirei-shitei-toshi) |
| Distrik (郡 gun) |
| Tingkat kota |
| Kota utama (中核市 chūkaku-shi) |
| Kota husus (特例市 tokurei-shi) |
| Kota (市 shi) |
| Special Wards (特別区 tokubetsu-ku) |
| Wards (区 ku) |
| Kacamatan (町 chō / machi) |
| Desa (村 son / mura) |
Wewengkon di Jepang lain satuan administrasi resmi, tapi sacara tradisional dipake ngabagi wewengkon Jepang keur sababaraha kaperluan. Upamana, peta jeung teksbook geografi ngabagi Jepang kana 8 wewengkon, laporan cuaca oge ilaharna dumasar kana wewengkon oge sababarha bisnis jeung institusi make ngaran wewengkon keur parusahaana saperti (Kinki Nippon Railway, Chugoku Bank, Tohoku University, jst.).
Sedengkeun Pangadilan Tinggi Jepang sanajan aya dalapan, tapi teu pakait jeung wewengkon ieu.
Ti kaler ka kidul, wewengkon tradisional nyaeta:
- Hokkaido (Pulo Hokkaido jeung pulo sabudureunna, kota gedena Sapporo)
- Wewengkon Tōhoku (Honshu kaler, kota gedena Sendai)
- Wewengkon Kantō (Honshu wetan, kota gedena Tokyo jeung Yokohama)
- Wewengkon Chūbu (Honshu tengah, kaasup Gunung Fuji), kadangkala dibagi kana:
- Hokuriku region (Chūbu kaler-kulon)
- Koshin'etsu region (Chūbu kaler wetan, kota gedena Nagano)
- Tokai region (Chūbu kidul, kota gedena Nagoya, Hamamatsu, jeung Shizuoka)
- Chukyo region (Chūbu kidul-kulon, kota gedena Nagoya, Gifu,jeung Yokkaichi)
- Kansai atawa Kinki region (Honshu kulon-tengah, kota gedena Osaka, Kobe, jeung Kyoto)
- Wewengkon Chūgoku (Honshu kulon, kota gedena Hiroshima, jeung Okayama)
- Shikoku (pulo, kota gedena Matsuyama, jeung Takamatsu)
- Kyushu (pulo, kota gedena Fukuoka) jeung Okinawa
Sababaraha diantara diwangun ku préféktur, iwal ti wewengkon Hokkaido, nu ngan ngawengku Hokkaido.