Widura

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Widura
Widura (kénca) keur sawala jeung Dréstarastra anu lolong (katuhu)
Widura (kénca) keur sawala jeung Dréstarastra anu lolong (katuhu)
Déwanagari: विदुर
Éjahan Sansakerta: Vidura
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru

Widura (basa Sansakerta: विदुर; Vidura) nyaéta salah saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta adi téré Pandu jeung Dréstarasta alatan ngabogaan bapa anu sarua, tapi béda indung. Bapana Widura nyaéta Resi Abiyasa sarta indungna nyaéta saurang awéwé ti kasta sudra. Widura henteu milu turun jurit dina médan perang Kurusétra, nyaéta perang antara Pandawa jeung Kurawa.

Kalahiran[édit | sunting sumber]

Dina bagian kahiji buku Mahabarata, nyaéta Adiparwa, dicaritakeun yén dina waktu Ambalika dipinang saraya pikeun datang ka Resi Abiyasa pikeun meunangkeun turunan, manéhna nampik alatan ngarasa sieun ku raut beungeut sang resi anu pohara pikasieneun. Demi nyumponan paménta mitohana, nyaéta Satyawati, Ambalika ngirimkeun saurang dayang pikeun manggihan Resi Abiyasa sorangan dina jero hiji kamar. Dayang kasebut ngaladénan sang resi kalayan alus sahingga sang resi ngomong yén jaga anak anu baris dilahirkan ti pianakan dayang kasebut baris milampah mulia. Tapi hiji hal anu ngajadikeun Satyawati kuciwa nyaéta anak kasebut lain turunan minantuna, tapi turunan saurang ladén ti kasta sudra.

Mangsa ngora sarta atikan[édit | sunting sumber]

Waktu Widura masih ngora, manéhna diajar kalayan bimbingan Bisma jeung dua urang barayana. Nurutkeun Mahabarata, manéhna pangwijaksanana lamun dibandingkeun jeung dulur-dulurna. Manéhna diajar jadi mantri raja, samentara Pandu diangkat jadi panglima perang, sedengkeun Dréstarastra dipilih jadi putera makuta. Alatan Drétarastra lolong, Pandu ngagantikeunana sarta maréntah atas nama Dréstarastra, sedengkeun Widura jadi panaséhat raja jeung maturan Dréstarastra.

Peran dina Dinasti Kuru[édit | sunting sumber]

Widura mangrupa jelema anu waskita mangsa timbul niat jahat dina haté Dréstarastra jeung Duryodana pikeun nyingkahkeun para Pandawa. Mangka saméméh Pandawa miang ka Waranawata pikeun pakanci, Widura ngélingan Yudistira sangkan ati-ati ka para Kurawa jeung bapana Dréstarastra. Waktu kasalametan para Pandawa jeung indungna kaancam di Waranawata, sababaraha-kali Widura ngirimkeun duta pikeun mantuan para Pandawa ngaloloskeun diri tina unggal musibah anu tumiba.

Dina pagétréngan antara Kurawa jeung Pandawa ngeunaan masalah Astinapura, Widura geus usaha pikeun ngadamékeun, pédah dua beulah pihak ngarupakeun hiji kulawarga sarta baraya. Dina usahana néangan katengtreman manéhna ngadatangan para pini sepuh Pandawa jeung Kurawa, diantarana Resi Bisma, Resi Drona, Prabu Dréstarasta, Kresna, Yudistira sarta Duryodana sarta nyarita yén manéhna anu nulis piagem pamasrahan Astinapura ti Resi Abiyasa ka Prabu Dréstarasta minangka pemangku karajaan sanggeus Prabu Pandu mangkat. Sabot perang di Kurusetra lumangsung, Widura tetep cicing di Asstinapura sanajan manéhna henteu ngabiluk para Kurawa.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa