Wikipedia:Gambar petingan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi

Gambar petingan téh minangka gambar-gambar ti Wikipédia atawa Wikimedia Commons anu dianggap hadé ku para éditor Wikipédia. Saméméh dibéréndélkeun di dieu, sakuduna éta gambar-gambar téh diulas di Wikipedia:Calon gambar petingan, naha eusina geus lengkep, nétral, tur bener, luyu jeung sarat-sarat gambar petingan.

Kétang, aturan kitu téh jaga mun Wikipédia Sunda mutuna geus hadé. Saayeunaeun, ampir sakabéh gambar anu dipilih téh asalna ti Commons, da ti Wikipédia Sunda sorangan mah can loba nu ngirim gambar. Saméméh ngaronjat ka pasaratan kawas gambar petingan di Wikipédia lianna, pikeun saheulaanan mah urang perlu milih dua welas gambar (sabulan hiji) pikeun diputer midang di Tepas saban taun. Sugan pareng, ké diputerna leuwih kerep. Misalna gambar petinganana robah unggal minggu (kudu nyiapkeun lima puluhan gambar).

Gambar petingan munggaran midang bulan April 2007, ku kituna béréndélan nu geus kaeusian di handap téh midang ti bulan April. Méméh bulan éta mah dikosongkeun kénéh.

<div id="Gambar petingan
minggu ka-47 taun 2009">
Cartella verde.jpg
Gambar petingan
minggu ka-47 taun 2009
   
Imah Bodas patilasan Anasazi

Patilasan bangsa Anasazi di Monumén Nasional Canyon de Chelly, wewengkon semi-otonom Navajo nu amparanana ngawengku sabagian wilayah Arizona, Utah, jeung New Mexico di Amérika Serikat.

Sumber: Wikimedia Commons

[édit] Tempo ogé