Wuluku

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
wuluku

Wuluku anu bentukna jiga palu gedé anu dijieun tina kai.[1] Anu miboga fungsi pikeun ngabajo sérang, biasana maké kebo pikeun narikna.[1] Wuluku pakakas paranti muyarkeun taneuh sawah diwangun tina kai kalayan dihareupna maké ruruhit sina rada méncos, dijieun tina beusi kira-kira sagedé dampal leungeun, gunana sangkan taneuh ngaboréngkal kaluar atawa kagigir, sarta ka tukangna maké bubuntut minangka panyepenganana, biasana ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.[2] Aya dua jenis wuluku, masing-masing miboga fungsi anu béda jeung dua-duana dipaké pikeun prosés ngolah taneuh.[1] Waluku kahiji dingaranan Singkal, pakakas ieu dipaké pikeun ngabolak-balik taneuh .[1] Wuluku nu kadua dingaranan Garu, wangunna singkal tuluy beulah handapna dijieun tina beusi anu lancip jeung bengkok nepi ka taneuh nu disodok ku bagéan hareup nu lancip, sacara langsung ngabalik ka bagéan beusi anu bengkok.[1] Bagéan luhur singkal mangrupa kai pikeun panyepenganana nu ngabajo jeung pikeun nalikeun kana beuheung munding.[1] Dina mimiti mangsa tatanén mimitian ngembang, manusa ngan ngagunakeun sekop nya éta gampang pikeun nu nyicingan di wewengkon anu pohara subur kawas di walungan Nil, di mana caah taunan sok ngabenerkeun taneuh di wewengkon kasebut. Tapi, pikeun sacara tuluy-tumuluy melak di wewengkon anu kurang subur, taneuh kudu diolah leuwih tiheula ambéh sanggeusna bisa nyieun jalan pikeun ngawur binih.[1] Tujuan utama ti ngabajo nya éta pikeun mawa taneuh bagian dina anu subur ka luhur.[1] Wuluku biasana dikenyang ku sabuntut sapi. [1] Cacak kitu, di sawatara wewengkon, bajak dikenyang ku kuda. [1] Sedengkeun, di nagara-nagara maju, dipaké tanaga saab.[1] Saprak dua dékadeu pamungkas, pamakéan bajak di sawatara wewengkon geus loba ngurangan alatan bisa ngabalukarkeun karuksakan dina taneuh sarta erosi.[1]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l (id)Rosyadi. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak. CV Manfada Utama. Bandung 2000.
  2. (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.


Nulis.jpg