Yōon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Yōon atawa Youon (拗音) nyaeta ciri-ciri Basa Jepang nu morana dijieun ku nambahkeun sora y.

Yōon digambarkeun dina kana make ahiran "kana"na i, saperti き (ki), ditambah versi leutik tina tilu "kana" y, ya, yu atawa yo. Contona kyō, "poe ieu", ditulisna きょう, make versi leutik kana yo, よ. Beda jeung kiyō, "kamampuh", nu ditulisna きよう, make ukuran lengkep "kana" yo kana. Baheula, dina sajarah pamakean kana, yōon teu dibedakeun make "kana" leutik sarta kudu ditebak gumantung kana konteksna.

Loba kecap nu ayeuna make yōon nu asalna tina Basa Cina. Basa Jepang heubeul teu ngabogaan sora yōon. Sacara teori yōon dimekarkeun sabab pangaruh kecap Basa Cina.

[édit] Tabel

ya yu yo
k キャ kya キュ kyu キョ kyo
sh シャ sha シュ shu ショ sho
ch チャ cha チュ chu チョ cho
n ニャ nya ニュ nyu ニョ nyo
h ヒャ hya ヒュ hyu ヒョ hyo
m ミャ mya ミュ myu ミョ myo
r リャ rya リュ ryu リョ ryo
dakuten
g ギャ gya ギュ gyu ギョ gyo
j ジャ ja ジュ ju ジョ jo
b ビャ bya ビュ byu ビョ byo
p ピャ pya ピュ pyu ピョ pyo
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa