Yudistira

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Yudistira
Prabu Yudistira dina wanda Wayang Golek
Prabu Yudistira dina wanda Wayang Golek
Déwanagari: युधिष्ठिर
Ngaran séjén: Barata; Ajatasatru;
Darmaraja; Samiaji;
Puntadéwa; Darmawangsa;
Darmaputra; Darmasuta;
Dwijakangka, Darmakusumah
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang: Tumbak
Papasangan: Drupadi, Déwika

Citakan:HastinaRaja

Yudistira (basa Sansakerta: युधिष्ठिर; Yudhisthira) nyaéta inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh raja Indraprahasta, nu saterusna maréntah Astina sanggeus meunang dina perang rongkah di Kurusétra. Yudistira ngarupakeun anak cikal Pandu jeung Kunti. Sawatara sumber nyebutkeun yén manéhna ngabogaan kepinter dina maké pakarang tumbak.

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Ngaran Yudistira dina basa Sansakerta diejah Yudhiṣṭhira, anu hartina nyaéta "pengkuh atawa kukuh dina peperangan". Manéhna ogé dipikawanoh sabagé Darmaraja anu hartina Raja Darma, sabab cenah Yudistira ngalakonan darma sapanjang hirupna. Yudistira boga sababaraha ngaran landihan, nyaéta:

  • Ajataśatru (hiji jalma anu henteu ngabogaan satru)
  • Bārata (turunan Raja Barata]]
  • Darmawangsa (turunan/trah Batara Darma)
  • Kurumukya (pamingpin para turunan Kuru)
  • Kurunandana (putera kameumeut Dinasti Kuru)
  • Kurupati (raja ti Dinasti Kuru)

Sawatara ngaran landihan ieu ogé dipiboga ku sawatara inohong Dinasti Kuru anu séjén kawas Arjuna, Bisma jeung Duryodana.

Kalahiran, kapribadian, jeung atikan[édit | sunting sumber]

Pandu, kawin ka Dewi Kunti, puteri Raja Suraséna, adi Basudéwa. Sanggeus kawin, tanpa ngahaja Pandu manah saurang Brāhmana jeung pamajikanana, anu dikira kidang nu keur silih simbeuh ku kacinta. Saméméh pupusna, sang brāhmana ngutuk Pandu sangkan jaga manéhna maot lamun keur silih simbeuh ku kacinta jeung pamajikanana. Pandu nampa sumpah kasebut, anu ngabalukarkeunana henteu wani ngalakukeun hubungan sabadan jeung pamajikanana; ku kituna henteu bisa meunang turunan.

Kunti, pamajikan Pandu, meunang kesaktian ti saurang resi nu ngaranna Durwasa, pikeun ngagero déwa. Kalawan ngamangpaatkeun pangabisa Kunti kasebut, Pandu jeung Kunti meunang turunan ku cara ngagero sababaraha déwa anu sanggup méré turunan. Maranéhanana ngagero tilu déwa, nyaéta: Yamaraja (Darmaraja, Déwa Darma), Marut (Bayu, Déwa Angin), sarta Sakra (Indra, Raja Kilat). Yudistira lahir ti Yamaraja, nyaéta Déwa darma (kahadéan), kabeneran, kewijaksanaan sarta kaadilan.

Yudistira ngabogaan opat adi, nyaéta: Bima (lahir ti Déwa Bayu), Arjuna (lahir ti Déwa Indra), sarta si kembar Nakula sarta Sahadewa (lahir ti Déwa Aswin). Karna, mangrupa anak cikal Dewi Kunti anu lahir tanpa ngahaja ménta waktu manéhna parawan. Jadi, Karna ngarupakeun baraya kolot Yudistira sarta para Pandawa (lima putera Pandu).

Salaku titisan Déwa Darma, Yudistira milampah laku nu hadé sarta boga pangaweruh nu jembar dina widang karohanian. Alatan laku-lampahna anu hadé, Yudistira pantes pikeun narima warisan tahta Astinapura. Tapi hal éta ngabalukarkeun pacéngkadan jeung anak cikal Dréstarastra, nyaéta Duryodana sarta para Kurawa.

Yudistira nungtut élmu ageman, sains, jeung élmu perang babarengan jeung dulur-dulurna sarta para Kurawa dina apingan Dronacharya (Bagawan Drona) sarta Kripacharya (Bagawan Krépa). Manéhna mahér dina ngagunakeun pakarang tumbak sarta meunang gelar "Maharata", nyaéta satria anu sanggup numpes 10.000 satru sakotéap.

Raja Indraprahasta[édit | sunting sumber]

Yudistira jeung Pandawa séjénna kacida dipikanyaah pinisepuh Wangsa Kuru (kawas Bisma, Drona, Krépa) batan Duryodana sarta para Kurawa alatan kahadéan haté Yudistira sarta rasa hormatna ka pinisepuh kasebut. Waktu Yudistira jeung Pandawa séjénna tumuwuh déwasa, Drétarastra ngalaman konflik batin. Yudistira ngaupakeun pangéran anu pangkolotna dina garis turunan Kuru sarta ngabogaan hak jadi raja, tapi Drétarastra hayang laku adil ogé ka anakna. Ahirna Drétarastra mikeun sawaréh wewengkon Karajaan Kuru, nyaéta hiji wewengkon anu garing kalayan padumuk nu saeutik disebut Kandawaprahasta.

Kalayan bantuan misanana nu ngaranna Kresna, Yudistira ngalusan wewengkon kasebut. Kresna ngagero Wiswakarma, arsiték para déwa, pikeun ngawangun wewengkon kasebut jadi dayeuh nu megah. Arsiték Mayasura ngawangun baleriung badag anu dipikawanoh sabagé Mayasabha. Ahirna Kandawaprahasta jadi dayeuh anu megah sarta baganti ngaran jadi "Indraprahasta" atawa "dayeuh Déwa Indra". Lila-lila nu nyicingan éta nagri beuki nambahan sarta Indraprahasta jadi dayeuh anu ramé.

Mangkat tuluy naék ka surga[édit | sunting sumber]

Yudistira naék gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna

Sanggeus mangsa wiwitan Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji-hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna. Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah ka Himalaya.

Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.

Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!". Yudistira némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus ninggalkeun kuring, lain kuring nu ninggalkeun maranéhanana." Dina waktu éta kénéh si anjing robah wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina.

Yudistira dibawa indit ku karéta Indra. Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi. Tapi manéhna nempo Duryodana katut baladna anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya di naraka pikeun nebus dosa leutik maranéhanana, samentara Duryodana aya di surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu diberkahan, Kurukshetra.

Yudistira kalawan ihlas indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun. Waktu tergoda pikeun kabur, manéhna ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina, ngajurungna pikeun cicing di sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan. Yudistira mutuskeun pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat. Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.

Yudistira dina vérsi pewayangan Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Dina carita vérsi Sunda jeung Jawa, Yudistira ngadahup jeung Dewi Drupadi, puteri Prabu Drupada jeung Dewi Gandawati ti nagara Pancala, sarta boga anak lalaki nu dingaranan Pancawala. (Nurutkeun carita India, Drupadi kawin ka lima Pandawa babarengan).

Yudistira téh anak cikal Prabu Pandu raja nagara Astina jeung permaisuri Dewi Kunti, putri Prabu Basukunti jeung Dewi Dayita ti nagara Mandura. Manéhna miboga dua urang adi kandung nu masing-masing ngaranna Bima (Werkudara) jeung Arjuna, sarta dua urang adi kembar béda indung, nu ngaranna Nakula (Pinten) jeung Sadéwa (atawa Sahadewa kalayan landihanna Tansen), putra Prabu Pandu ti Dewi Madrim, puteri Prabu Mandrapati ti nagara Mandaraka. Lima sadulur ieu disebut Pandawa.

Yudistira dianggap minangka turunan (titisan) Déwa Kaadilan, Batara Darma ku alatan éta salah sahiji landihanana téh nyaéta Darmasuta, Darmaputra atawa Darmawangsa. Sajaba ti éta manéhna ogé disebut Puntadéwa atawa Samiaji. Ngaran Yudistira sorangan dicokot alatan dina awakna menunggal arwah Prabu Yudistira, raja jin ti nagara Mertani. Yudistira miboga pusaka karajaan nu wujudna payung nu dingaranan "Kyai Tunggulnaga" sarta hiji tumbak nu dingaranan "Kyai Karawelang".

Manéhna téh raja anu alus. Getih bodas (Seta ludira) ngocor dina uratna. Teu kungsi murka, teu kungsi tarung, teu kungsi ogé nampik paménta saha ogé, sakumaha handapna tingkatan sang paménta. Waktuna dieusi ku ngumpulkeun kawijaksanaan. Teu kawas satria anu séjén, anu pusaka saktinya mangrupa pakarang, pusaka andelan Yudistira nyaéta Kalimasada kalimah ageman. Dasarna, manéhna téh cendikiawan tanpa pamrih, anu maréntah kalayan kaadilan sampurna sarta kamurah haténa anu luhur. Pangadegna anu sama sakali tanpa perhiasan nu nyolok mata, sirah nunduk tandana mawas diri, sarta paroman beungeut keningratan anu lemes, ngarupakeun gambaran idéal "Pandita Ratu" (Raja Pandita) anu geus nyingkahkeun napsu dunya.

Tapi aya ogé kakurangna, nyaéta resep judi. Ku alatan karesep ieu, Yudistira sawatara kali katipu sarta diéléhkeun dina adu judi ku Duryodana, Raja Astina sarta pupuhu Kurawa. Alatan éléh maén dadu, kapaksa Yudistira (sarta Pandawa sakabéhna) mikeun nagarana sarta miceun diri ka leuweung salila 13 taun.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa