Écéng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Écéng
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Monochoria
Spésiés:
M. vaginalis
Ngaran binomial
Monochoria vaginalis
Sinonim
  • Pontederia vaginalis Burm.f.[2]

sinonim selengkapnya: The Plant List[3]

Écéng, Monochoria vaginalis nyaéta tangkal (herba) anu hirupna di cai mangrupa hama/gulma pikeun paré di pasawahan. Écéng mibanda ngaran béda di unggal wewengkon, Urang Batak nyebut kana tangkal écéng Ikau lada atawa si korpuk ; urang Betawi menyebutna écéng padi; urang Sunda nyebutna “écéng “ atawa écéng lembut; urang Jawa nyebutna wéwéhan, wéwéyan, bĕngok; urang Bali menyebutnya wéwéhan, biah-biah; urang Lombok nyebutna mĕmadéng, mĕmaréng, urang Makassar nyebutna balang-balang jeung urang Bugis nyebutna balĕmpalĕng. Di Minahasa ngarana tumpĕng.[4][5][6]


Pedaran[édit | édit sumber]

Écéng mimiti ditaluntik di Sakrameto dina taun 1948.[7] Tangkal écéng anu mimiti kapanggih kembangna bodas.[7] ieu pamanggih, tuluy di laporkeun ka Glend Country dina taun 1954, conto pepelakan anu dikumpulkeun di RES dina taun 1966. Taun 1970-an conto tangkal écéng di awétkeun (Herbarium). Tangkal écéng anu séjéna mibanda kembang ganola kapanggih dina taun 1983 ogé satuluyna dikumpulkeun di RES.[7] mimitinamah écéng kembang biru di golongkeun kana Heteranthera limosa.[7] Dina taun 1991 écéng kembang ganola séjén kapanggih deui di Kabupatén Butte, ogé satuluyna dikumpulkeun deui di RES anu engkena dikatagorikeun kana Heteranthera rotundifolia.[7] Écéng di golongkeun kana Monochoria dina taun 2000an saméméhna geus kapanggih deui tangkal écéng di Sakrameto.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal Écéng numutkeun gambaran Blanco

Tangkal/Herba jangkungna kurang leuwih 5-50 cm, hirupna nahun sakapeung ngan sausum, tangkalna ngalingkung mangrupa dapuran [8]. Écéng mibanda beuti ''rimpang'' ukurana pondok tina tangkal (batang semu); sedengkeun bagéan anu katempo panjang sabenerna éta lain tangkalna tapi palapah dauna jeung gagang daun[5]. Akarna kasebut akar serabut, kelir akarna bodas jeung gampang pisan dirabut [5].

Daun ngan hiji, tungtung rata, gagang daun leuir, ngéntép dina ''roset''; wujud dauna aya nu lonyod, semu buleud, buleud endog malahan sakapeung aya anu méh buleud, ukuran daun kurang leuwih, 2-12,5 × 0,2–10 cm; tungtung daun méncos, ari puhuna rada buleud jiga meunang neukteuk, daun anu dewasa wujudna jiga jantung, beulah sisina rada buleud[8]. Kelirna héjo ngagurilap jeung tulang daun semu bengkung.[5].

Kembang écéng

kembang mangrupa ranggeuyan ''bunga tandan'' dina saranggeuy aya 3-25 kembang napel dina gagang kembang/cupat, tuluy ngeluk ka handap di mana geus mangkak ligar. Kembangna ganaria semu paul, panjangna kurang leuwih 11-15 mm, di mana geus ligar tungtung kembangna lingkup deui tuluy muringkel, henteu murag. Benang sari aya 6, panjangna béda-béda, anu lima pendék jeung pendul kemabang kelirna koneng, ari anu hijina deui leuwih gedé jeung pendulna semu biru.

Buah wujudna lonyod, cangkang buah aya tilu bagéan dina mangsana geus kolot ieu cangkang buah bakal meleték beulah kusorangan anu antukna siki anu aya di jero ngaracleng kaluar murag ka cai tuluy ngerelep kana luhureun leutak atawa palid kabawa ku cai. Siki Écéng anu murag ku lantaran kakeueum, nya lila kalilaan bakan bijil akar tur sirungan, ka dituna mangrupa tangkal Écéng anayar. kitu saterusna Écéng bisa ngarekahan. siki gedéna 1 mm.[8]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Écéng keur kembangan

Écéng utamana mindeng kapanggih dina taneuh leutak saperti rawa jeung sawah anu caian [5].[9].Sakapeung ogé kapanggih dina kamalir, sisi balong, leutak, sisi susukan anu taneuha baseuh[10].Écéng teubisa hirup dina taneuh garing, mangsa datang usum halodo anu ngabalukarkeun sawah jeung rawa gararing, écéng henteu bisa hirup. engké tempona datang usum hujan dinamangsa taneuh geus jemlek deui eceng jaradi deui tina siki anu marurag ka cai saamemehna. Tuluy éta siki bijil akar jeung sirungan, tuluy hirup neupika jadi écéng déwasa.. Di Jawa, eceng hirup dina dataran 0-1.550 m dpl.[8]

Asalmuasal[édit | édit sumber]

Écéng asalna ti wewengkon Asia, di Indonesia mah méh di sakabéh tempat bisa manggihan tangkal écéng [8]. écéng ogé bisa kapanggih di nagara saperti Iran, Vietnam, Taiwan, China, Korea, Jepang, Filipina, Malaysia jeung Australia kalér [11]. Di unggal nagaran écéng mibanda ngaran séwang-séwangan, urang Bangladesh nyebut tangkal écéng Panee kachu; Kamboja: Chrach; Jepang: Konagi, Korea: Mooldalgebi, Nepal: Piralay, Malaysia: Chacha layar, keladi agas, kelayar; Filipina: Biga-bigaan, gabi-gabi; Taiwan: Ya-she-tsau, Thailand: Ka-kiad, Phak-khait; Vietnam: Rac mác lá thon.[10]

Hama[édit | édit sumber]

Dina jumlah anu kawilang loba, écéng bisa waé ngaganggu kana bebenangan panén tatanén patani paré[10]. Lantaran écéng bisa jadi ''gulma'' ieu kaayaan sakapeung disanghareupan ku patani di nagara Filipina, Malaysia jeung Korea[10]. Écéng anu hirup disawah bisa ngaruksak kasuburan paré alatan parébut nutrisi anu aya dina taneuh [10] Sagigireun ti éta akar écéng bisa waé ngaganggu kana akar paré henteu bisa nyeceb kana leutak anu leuwih jero tangtu ieu bakal ngabarobahkeun kana akar paré pikeun nyokot nutrisi tina taneuh [10] Panalungtikan di Filipina geus meré kacindekan, umpamana aya 366 tangkal dina 1 méter pasagi bisa ngurangan hasil panén paré nepi ka 35%. Nyinglarkeun tangkal écéng bisa maké cara dirabutan anu katelah ngarambét atawa maké (ubarkimia) pikeun ngabasami / (''herbisida'').[8]

Manfaat[édit | édit sumber]

Sagigireun écéng ngaganggu kana tatanén ku lantaran jadi hama/gulma, écéng bisa waé dimangpaatkeun pikeun nyubadanan kabutuh sapopoé[10]. Nyaéta daun écéng bisa waé diolah pikeun nyieun urab, lalab, jeung parab ingon-ingon utamana éntog jeung kalkum[10][12]) di Makassar jaman baheula écéng dimangpaatkeun pikeun sayur jeung lalab, di Bogor mah écéng leutik dimangpaatkeun pikeu kadaharan téh lamun geus di seupan heula saméméhna[4]. Daun écéng mibanda kandungan serat anu alus pikeun padaharan[10].

Mangpaat séjéna nyaéta akarna bisa dipaké pikeun ngubaran nyeuri mag ''lambung'', ati, eungap jeung nyeuri huntu; dauna ogé bisa dipaké pikeun ubar galingging/ ''demam''[4][13]. Ekstrak écéng-écéng geus ditalungtik anu hasilnya dipikanyaho bisa ngalawan hama keong mas (Pomaceae canaliculata L.) anu mindeng ngaruksak kana pepelakan paré di sawah[14]. Batang wewehan yang dikeringkan dapat dimanfaatkan untuk membuat berbagai macam kerajinan tangan[10].

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Presl, C. 1827. Reliquiae Haenkeanae, seu, Descriptiones et icones plantarum... Tome 1: 128. Pragae :Apud J.G. Calve, 1830-35 [i.e. 1825-1835]
  2. Burman, N.L. 1768. Flora Indica : cui accedit series zoophytorum Indicorum, nec non prodromus florae Capensis.: 80. Amstelaedami :Apud Cornelium Haek ;1768.
  3. The Plant List: Monochoria vaginalis (Burm.f.) C.Presl Archived 2020-08-04 di Wayback Machine
  4. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 515. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 464
  5. a b c d e "Monochoria vaginalis (Burm.f.) Presl" (PDF). Departemen Kesehatan. Diakses tanggal 10 April 2014.  Archived 7 Désémber 2008 di Wayback Machine
  6. Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. p. 170. Diakses tanggal (disungsi) 11 Mei 2021. 
  7. a b c d e Traits for field identification of Monochoria vaginalis and species of Heteranthera at different growth stages. UCdavis.com. Retrieved on 19 April 2014.
  8. a b c d e f Soerjani, M., AJGH Kostermans dan G. Tjitrosoepomo (Eds.). 1987. Weeds of Rice in Indonesia. Balai Pustaka, Jakarta. p. 488-9 (illust.)
  9. "Perlindungan Tanaman". Kanisius. Diakses tanggal 19 April 2014. 
  10. a b c d e f g h i j "Monochoria vaginalis". Invasive Species Compendium. Diakses tanggal 19 April 2014. 
  11. "Monochoria vaginalis". IUCN Red List. Diakses tanggal 19 April 2014. 
  12. Rumpf, G.E. 1750. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars VI: 178, Tab. 75 Fig. 1. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCL.
  13. Monochoria vaginalis (Burm.f.) C.Presl - PONTEDERIACEAE - Monocotyledon. Oswaldasia. Retrieved on 19 April 2014.
  14. Andrian, K.B. 2014. Uji toksisitas ekstrak eceng-eceng (Monochoria vaginalis) sebagai moluskisida nabati terhadap mortalitas keong mas (Pomaceae canaliculata L.) Skripsi pada Program Studi Pertanian Universitas Negeri Jember. (tidak diterbitkan)
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]