Lompat ke isi

Étologi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Étologi atawa élmu paripolah sato téh mangrupa salah sahiji cabang élmu zoologi anu nalungtik ngeunaan kalakuan atawa tingkah laku sato, kaasup mékanisme jeung rupa-rupa faktor anu mangaruhan éta paripolah.[1] Sapanjang sajarah, geus loba ahli alam anu nalungtik rupa-rupa aspék kalakuan sato, anu asalna tina panalungtikan Charles Darwin (1809–1882). Tapi, élmu étologi modéren mimiti dianggap resmi jadi disiplin mandiri kira-kira taun 1930-an, ngaliwatan panalungtikan tilu tokoh penting: ornitolog asal Walanda Nikolaas Tinbergen (1907–1988), ornitolog asal Austria Konrad Lorenz (1903–1989), jeung zoolog Karl von Frisch (1886–1982). Ku jasana anu gedé, katilu élmuwan éta meunang Hadiah Nobel Fisiologi jeung Kadokteran dina taun 1973.[2]

Étologi ngahijikeun pagawéan di laboratorium jeung pangamatan langsung di lapangan, sarta patalina raket jeung élmu séjén saperti néroanatomi, ékologi, jeung évolusi. Ahli paripolah sato biasana leuwih museur kana kumaha prosés hiji kalakuan bisa kajadian, tibatan kana hiji kelompok sato tangtu.[3] Maranéhna mindeng nalungtik salah sahiji jinis paripolah, misalna kalakuan agrésif, dina sababaraha spésiés anu euweuh patalina getih.

Étologi téh kaasup widang élmu anu mekarna gancang. Ti mimiti abad ka-21, para panalungtik geus ngulik deui sarta manggihan pamahaman anyar ngeunaan rupa-rupa hal dina komunikasi sato, émosi, budaya, pangajaran, nepi ka séksualitas. Sajaba ti éta, widang anyar saperti néroétologi ogé mimiti mekar jeung jadi perhatian para élmuwan.

Étimologi jeung términologi

[édit | édit sumber]

Istilah étologi asalna tina basa Yunani, tina kecap ethos (ήθος) anu hartina “kabiasaan”, sarua akar kecapna jeung étis jeung étika. Sedengkeun ahiran -logia (-λογία) ngandung harti “élmu ngeunaan”. Istilah ieu mimiti dipaké dina basa Inggris ku saurang ahli mirmekologi (élmu ngeunaan hileud semut) asal Amérika, William Morton Wheeler, dina taun 1902.[4]

Sanajan waktu harita can loba nu narima istilah éta di dunya akademik, John Stuart Mill dina bukuna Sistem Logika, Rasional jeung Induktif (1843) maké istilah étologi dina harti séjén, nyaéta “élmu ngeunaan kabentukna karakter” — hiji cabang élmu ngeunaan sipat manusa anu teu kaasup kana psikologi.

Numutkeun Mill, psikologi téh mangrupa élmu pikeun manggihan hukum-hukum umum ngeunaan cara mikir manusa, sedengkeun étologi leuwih museur kana kumaha ngajelaskeun karakter atawa paripolah individu nurutkeun hukum-hukum umum anu geus kapanggih dina psikologi. Étologi ogé mibanda hukum-hukum sorangan, tapi sifatna nurunan tina hukum-hukum psikologi anu sipatna umum. Jenis panalungtikan saperti kieu engkéna dipikawanoh minangka psikologi komparatif.

Référensi

[édit | édit sumber]
  1. "Ethology | Research Starters | EBSCO Research". EBSCO (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-10-07.
  2. "Nobel Prize in Physiology or Medicine 1973". NobelPrize.org (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-10-07.
  3. Gomez-Marin, Alex; Paton, Joseph J.; Kampff, Adam R.; Costa, Rui M.; Mainen, Zachary F. (2014-11). "Big behavioral data: psychology, ethology and the foundations of neuroscience". Nature Neuroscience (Dina basa Inggris). 17 (11): 1455–1462. doi:10.1038/nn.3812. ISSN 1546-1726.
  4. "Insect behavior | WorldCat.org". search.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-10-07.