Lompat ke isi

Évolusi réproduksi séksual

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Évolusi réproduksi séksual téh mangrupa hiji cara adaptasi anu ilahar kapanggih dina ampir kabéh organisme multi-sél, ogé dina sabagéan organisme sél tunggal. Loba di antarana anu teu bisa baranak sacara aséksual. Saméméh aya sistem réproduksi séksual, prosés parobahan gén ti hiji generasi ka generasi salajengna liwat mutasi lumangsungna lalaunan jeung acak. Jinis kalamin mekar jadi hiji mékanisme anu épisién pikeun ngahasilkeun rupa-rupa variasi génétik, anu méré kauntungan supaya organisme bisa nyaluyukeun diri jeung parobahan lingkungan.[1]

Sanajan kitu, séks mibanda ongkos sorangan. Dina réproduksi aséksual, organisme teu kudu méakkeun waktu atawa tanaga pikeun milih pasangan. Lamun kaayaan lingkungan tetep sarua, variasi génétik téh bisa jadi teu pati diperlukeun sabab organisme geus cukup adaptif. Najan kitu, séks geus jadi cara utama nu ngajadikeun rupa-rupa spésiés bisa tumuwuh jeung nyabang dina tangkal kahirupan. Prosés diversifikasi atawa ngabentuk cabang anyar dina tangkal filogénétik lumangsung leuwih gancang ngaliwatan réproduksi séksual tibatan réproduksi aséksual.

Évolusi réproduksi séksual ngajelaskeun kumaha sato, tutuwuhan, jamur, jeung protista anu baranak sacara séksual bisa mekar tina karuhun anu sarua, nyaéta spésiés éukariotik sél tunggal.[2][3][4] Réproduksi séksual sumebar lega dina kelompok Éukarya, sanajan sababaraha spésiés aya anu leungit kamampuhan séksualna, saperti Bdelloidea. Sababaraha tutuwuhan jeung sato ogé bisa baranak sacara aséksual ngaliwatan apomiksis jeung partenogénésis tanpa leungit kalamina sakabéhna. Panalungtikan ngeunaan évolusi séks ngawengku dua hal anu patalina, nya éta asal-usulna jeung kumaha éta sistem bisa terus dipertahankeun.

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Bell, Graham (1982). The masterpiece of nature: the evolution and genetics of sexuality. Berkeley: University of California Press. ISBN 978-0-520-04583-5.
  2. Letunic, Ivica. "iTOL: Interactive Tree Of Life". itol.embl.de (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-10-07.
  3. Letunic, Ivica; Bork, Peer (2007-01-01). "Interactive Tree Of Life (iTOL): an online tool for phylogenetic tree display and annotation". Bioinformatics (Dina basa Inggris). 23 (1): 127–128. doi:10.1093/bioinformatics/btl529. ISSN 1367-4811.
  4. Letunic, I.; Bork, P. (2011-07-01). "Interactive Tree Of Life v2: online annotation and display of phylogenetic trees made easy". Nucleic Acids Research (Dina basa Inggris). 39 (suppl): W475 – W478. doi:10.1093/nar/gkr201. ISSN 0305-1048. PMC 3125724. PMID 21470960.

Bacaan leuwih réa

[édit | édit sumber]

Tutumbu luar

[édit | édit sumber]