Abad pencerahan
Latar Belakang Abad Pencerahan (Aufklärung)
[édit | édit sumber]
Abad pencerahan atawa Aufklärung nyaéta istilah anu osok dipaké ejeung ngagamabarkeun kaayaan pamikiran di Eropa jeung Amerika Abad ka-18, harita masarakat di éropa boga trén ilmu pengetahuan anu maké pamerekan ka agama, sosial, ekonomi , jeung politik, anu bakal ngahasilkeun.[1] Mimitina ayana Abad pencerahan ieu dilantarankeun ayana gerakan intelektual jeung ilmiah Eropa anu di pikawanoh Humanisme Renaisans anu di kawitan ku Revolusi Ilmiah jeung karya-karya ilmiah anu dihasilkeun ku Francis Bacon. Kawitna abad pencerahan ieu oge dipatalikeun jeung waktu karya Rene Descartes dipedalkeun anu judulna Discourse on the Method di tahun 1637, anu ngaluarkeun catetan na Cogito, ergo sum ("Kuring Mikir, mangka kuring aya"). Sabagian ogé nyatet ti bukuna Isaac Newton nyaéta Principa Mathematica di tahun 1687.[1] Dina periode ieu, masarakat éropa ninggalkeun kapercayaan anu ngarah ka garéja, tangtuna ayana abad pencerahan ieu kacipta révolusi pulitik jeung ngageser kakawasaan garéja di Éropa.
Revolusi Ilmiah
[édit | édit sumber]Salah sahiji anu ngalantarankeun abad pencerahan nyaéta ayana Révolusi Ilmiah, anu ngarobah cara jalma nénjo alam dunya. Ilmuwan kawas Francis Bacon, Galileo Galilei, Johannes Kepler, jeung Isaac Newton muka jalan pikeun cara mikir ilmiah. Dina jaman éta, masarakat mimiti milari kabeneran ngaliwatan metode ilmiah, tinimbang saukur nurut kana otoritas garéja saperti saméméhna.[2]Aya sababaraha ilmuwan anu boga pangaruh ka Eropa abad pencerahan, nyaeta diantarana:
Francis Bacon
[édit | édit sumber]Salah sahiji ilmuwan anu nekenkeun pentingna ékspérimén jeung pangamatan dina meunang élmu pengetahuan nyaéta Francis Bacon. Anjeunna ngapopulérkeun metode induktif, anu jadi dasar kamekaran élmu pengetahuan modern. Numutkeun Bacon, jalma kudu ngumpulkeun data jeung fakta heula saméméh nyieun kasimpulan, supaya hasilna leuwih bisa dipercaya jeung dumasar kana bukti anu kuat.[3]
Galileo Galilei
[édit | édit sumber]Galileo Galilei ngembangkeun teleskop anu ngamungkinkeun jalma ningali benda-benda di langit leuwih ébréh. Kalawan panalungtikanana, anjeunna ngabuktikeun yén alam semesta henteu saluyu jeung pandangan géoséntris anu diajarkeun ku garéja dina jaman éta. Ku panemuan-penemuan saperti kitu, Galileo muka jalan pikeun pamahaman anyar ngeunaan sistim tatasurya jeung tempat manusa di jerona.[4]
Johannes Kepler
[édit | édit sumber]Anjeunna mawa hukum-hukum planetna, nunjukeun bahwa planet-planet gerak dina orbit elips, lain lingkuran sampurna anu dipercaya ku masarakat saacan na. Hasil panggihan ti Johannes Kepler ngadukung teori heliosenstris anu diajukeun ku Nicolaus Copernicus.
Isaac Newton
[édit | édit sumber]Isaac Newton ngagabungkeun sagala panemuan ilmiah saméméhna jeung nyiptakeun tiori gravitasi universal, anu ngajelaskeun kumaha benda-benda langit silih tarik. Hukum gerak Newton, anu dipanggihan dina abad ka-17, ngarobah cara pandang manusa kana alam jeung nyayagakeun dasar pikeun fisika modern. Ku panalungtikanana, Newton mawa élmu pengetahuan kana tahap anyar, ngabantu ngajelaskeun fenomena alam sacara matematis jeung ilmiah.[1]
Revolusi Ilmiah ngajarkeun masarakat supaya ningali alam dunya ngaliwatan sudut pandang rasional jeung ilmiah, tinimbang saukur gumantung kana kapercayaan atawa dogma agama. Pamikiran ieu gancang sumebar sarta jadi dasar pikeun kamekaran dina rupa-rupa widang séjén, saperti filsafat, politik, jeung ékonomi. Ku ayana pamikiran ilmiah ieu, masarakat mimiti mekarkeun pola pikir anu leuwih kritis jeung mandiri dina nalungtik kanyataan.[2]
Humanisme Renaisans
[édit | édit sumber]Salian ti Revolusi Ilmiah, Humanisme Renaisans ogé maénkeun peran penting dina nyiapkeun lahirna Abad Pencerahan. Humanisme nyaéta gerakan intelektual anu nekenkeun pentingna manusa salaku pusat tina sagala hal. Para pemikir Renaisans, saperti Erasmus jeung Petrarch, ngadorong masarakat supaya diajar deui karya-karya klasik ti Yunani jeung Romawi, bari ngamekarkeun kamampuan berpikir rasional jeung kritis. Dina pandangan humanisme, manusa dipandang salaku mahluk anu rasional, bébas, sarta boga potensi pikeun terus mekar.[5]
Dina periode ieu, kasadaran ngeunaan martabat jeung hak-hak manusa mimiti mekar. Humanisme Renaisans nekenkeun yén manusa kudu ngamekarkeun dirina sorangan, boh tina segi pangaweruh boh tina moralitas. Pamikiran ieu jadi dasar pikeun ideu-ideu anu mucunghul di Abad Pencerahan, anu leuwih nekenkeun kabébasan mikir, hak asasi manusa, jeung kaadilan sosial.
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 "Abad Pencerahan" (Dina basa Indonesia). 2025-01-21.
- 1 2 Pristiwanti, Yuwanita (Desember 2023). "Paradigma Thomas Kuhn: Revolusi Ilmiah Dan Penerapan Dalam Bimbingan Konseling". Jurnal Konseling Gusjigang. doi:https://doi.org/10.24176/jkg.v9i2.11665. ; ; ; Archived 2024-10-07 di Wayback Machine
- ↑ "Francis Bacon" (Dina basa Inggris). 2025-02-21.
- ↑ "Galileo Galilei - Google Arts & Culture". Google Seni & Budaya (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-22.
- ↑ "Renaissance | Definition, Meaning, History, Artists, Art, & Facts | Britannica". www.britannica.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-22.