Abdurrahman Baswédan
Abdurrahman Baswédan atanapi AR Baswédan (gumelar di Surabaya, Jawa Wétan, 9 September 1908 – tilar dunya di Jakarta, 16 Maret 1986 dina umur 77 taun) nyaéta salah sahiji diplomat jeung politikus Indonésia di éra kamerdékaan Indonésia anu katelah ku mawa Républik Indonésia narima pangakuan de facto jeung de jure ti Mesir ngaliwatan Liga Arab[1]. AR Baswédan katelah oge ku ngadegkeun Persatoean Arab Indonésia (PAI), organisasi para pamuda katurunan Arab di Indonésia[2]. Di taun 2018, AR Baswédan meunangkeun gelar Pahlawan Nasional Indonésia anu diresmikeun ku Presidén Joko Widodo[3].
Atikan
[édit | édit sumber]AR Baswédan gumelar di Ampél, Surabaya dina 9 September 1908 ti kulawargi katurunan Hadrami anu migrasi ti Yaman ka Hindia-Walanda[4]. AR Baswédan gumelar ti pasangan Awad Baswédan jeung Aliyah binti Abdullah Jarhum. Akina, Umar bin Abubakar bin Muhammad bin Abdullah nyaéta syekh anu katelah di Hadramaut[1]. Dina usia 6 taun, AR Baswédan diajar di Madrasah Al Khairriyah anu diadegkeun ku kaum Hadrami. Teu lama, AR Baswédan pindah diajar ka Madrasah Al Ma'arif. AR Baswédan ogé sempet diajar di Batavia nepi ka bapana tilar dunya. Sanggeus bapana tilar dunya, AR Baswédan pindah keur ngalanjutkeun atikanna di Hadramaut School, Surabaya[4].
Dina usia 12 taun, AR Baswédan miluan kursus bahasa Walanda Nederlands Verbond keur nyiapkeun diri jadi pagawé pamaréntah Hindia-Walanda. Di taun 1925, AR Baswédan kacatet jadi salah sahiji mubalig ti Muhammadiyah[1].
Karier
[édit | édit sumber]Jurnalis
Sateuacan jadi jurnalis, AR Baswédan awalna ngabantuan mitohana ngajual roko di Surabaya kusabab teu acan digawé. Di taun 1923, Liem Koen Hian ngajak manéhna gabung di surat kabar Sin Tu Po, salah sahiji surat kabar Tionghoa basa Melayu anu nyorakeun kamerdékaan Indonésia[1].
Persatuan Arab Indonésia
Dina awal kahirupanana, A.R. Baswedan niténan kumaha Kaum Arab di Hindia Walanda hirup dina kaayaan kapecah welah, salah sahijina tina suku Hadrami. A.R. Baswedan nyebut yén golongan Arab peranakan (muwallad) jeung Arab totok (wulaiti) di Hindia Walanda sok silih-diskriminasi lantaran aya faktor éksklusivitas, stereotip, jeung kabudayaan anu jauh béda[4].
AR Baswédan nguatkeun dan ngumpulkeun 40 tokoh muwallad Hadrami tina sagala kasangtukang di imah Said Bahilul di Semarang, 4 Oktober 1934 keur nangtukeun sikap pakait ku pajoangan kamerdékaan Indonésia jeung ngahapus diskriminasi antar suku Arab. Di tanggal 5 Oktober 1934, Persatuan Arab Indonésia (PAI) diadegkeun keur ngahijikeun sora jeung narima Indonésia jadi tanah air maranéhna[4].
Karya
[édit | édit sumber]Salama AR Baswédan jadi jurnalis jeung diplomat, manéhna geus kaitung loba nulis salami hirupna. Salah sahiji karya AR Baswédan anu katelah[1]:
- Debat Sekeliling PAI (1939)
- Beberapa Catatan tentang Sumpah Pemuda Indonesia Keturunan Arab (1934)
- Buah Pikiran dan Cita-cita AR Baswedan
- Menuju Masyarakat Baru
- Rumah Tangga Rasulullah (1940)
Kahirupan Pribadi
[édit | édit sumber]Di taun 1925, AR Baswédan nikah ka Sjaichun jeung dipaparin 9 urang anak. Sjaichun pupus dina taun 1948 ku lantaran kaserang malaria. Saatos sababaraha lila, anjeunna nikah deui ka Barkah Ganis, dipaparin 2 urang anak[5]. Salah sahiji katurunan AR Baswédan anu katelah nyaéta Anies Baswédan jeung Novel Baswédan[3].
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 Oktavia, Savira. "AR Baswedan, Tokoh Muhammadiyah Keturunan Arab Asal Surabaya". detikjatim (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- ↑ "Profil AR Baswedan, Kakek Anies Baswedan dan Misi Diplomatik ke Mesir Pengakuan Kemerdekaan Indonesia". Tempo (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- 1 2 Jordan, Ray. "Jokowi Anugerahi Gelar Pahlawan Nasional ke 6 Tokoh". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09. Archived 2023-04-08 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 Lie, Ravando. "Bagaimana Abdurrahman Baswedan Membela Tionghoa?". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- ↑ "Kakek Anies Baswedan". Kenali Anies Baswedan Presiden Indonesia 2024 | Situs Resmi (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-11-09.