Lompat ke isi

Ageman di Indonésia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Peta sebaran ageman di Indonésia

Ageman atawa agama di Indonésia diwangun ku rupa-rupa kapercayaan anu dianut ku masarakatna. Dumasar kana data sénsus resmi Kamentrian Dalam Negeri taun 2021, jumlah penduduk Indonésia ngahontal 273,32 juta jiwa. Tina jumlah éta, sakitar 86,93% mangrupa penganut Islam, 10,55% penganut Karésten (nu ngawengku 7,47% Protéstan jeung 3,08% Katolik Roma), 1,71% Hindu, 0,74% Buddha, 0,05% Konghucu, sarta 0,03% nganut agama atawa kapercayaan lianna.[1]

Sacara idéologis, Indonésia dumasar kana Pancasila, anu dina sila kahijina nyebutkeun “Ketuhanan Yang Maha Ésa”. Sanajan kitu, Indonésia sacara resmi lain nagara agama sabab henteu netepkeun hiji agama minangka agama nagara, sarta bisa disebut minangka nagara sekulér dina harti henteu ngagunakeun hukum agama minangka dasar nagara. Hal ieu ditegaskan dina Undang-Undang Dasar Negara Républik Indonésia Tahun 1945, anu nyebutkeun yén nagara ngajamin kamerdékaan unggal warga pikeun nganut agama masing-masing sarta ngalaksanakeun ibadah nurutkeun agama jeung kapercayaanana.[2]

Dina Penjelasan Pasal 1 Penetapan Presiden Nomor 1 Tahun 1965 ngeunaan Pencegahan Penyalahgunaan jeung/atawa Penodaan Agama, pamaréntah Republik Indonésia sacara resmi ngan ngaku genep agama, nyaéta Islam, Protéstan, Katolik, Hindu, Buddha, jeung Konghucu. Sanajan kitu, dina pamekaran salajengna, agama-agama asli Nusantara ogé mimiti diaku sacara hukum ngaliwatan Putusan Mahkamah Konstitusi Republik Indonesia tanggal 7 November 2017.[3][4]

Dina sajarahna, Indonésia ogé kungsi ngalaman konflik antaragama. Salah sahiji faktor anu disebatkeun nyaéta program transmigrasi, anu sacara teu langsung nyumbang kana mucunghulna konflik sosial jeung agama di sababaraha wewengkon, hususna di Indonésia bagian wétan.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. databoks.katadata.co.id. "Sebanyak 86,93% Penduduk Indonesia Beragama Islam pada 31 Desember 2021 | Pusat Data Ekonomi dan Bisnis Indonesia | Databoks". databoks.katadata.co.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-15.
  2. Cristofori, Rinaldo; Ferrari, Silvio (2017-07-05). Law and Religion, An Overview: Volume I (Dina basa Inggris). Routledge. ISBN 978-1-351-56077-1.
  3. RI, Setjen DPR. "J.D.I.H. - Undang Undang Dasar 1945 - Dewan Perwakilan Rakyat". www.dpr.go.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-15. Archived 2021-08-28 di Wayback Machine
  4. "Dekolonisasi Masyarakat Adat: Catatan dari Seminar PGI". Program Studi Agama dan Lintas Budaya Sekolah Pascasarjana (Dina basa Indonesia). 2018-04-26. Diaksés tanggal 2025-12-15. Archived 2019-03-01 di Wayback Machine