Lompat ke isi

Ager

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Olahan tina ager

Ager; léngkong; basa Indonésiana agar-agar nyaéta hiji zat nu wanguna ngagéblég/gel kalawan geunyal, dijieun tina hasil olahan jukut laut (alga).[1] Jukut laut nu bisa dijieun ager taya lian ti golongan Eucheuma spinosum (Rhodophycophyta) (Gracilaria jeung Gelidium), urang Jepang nyebutna "kanten".[1] Tibaheula ager geus jadi salah sahiji komoditi dagangan, sahenteuna di daérah Malaka kanyahoan didagangkeun ti taun 1871.[1] Di pasar ager olaheun téh ilaharna dijual dina wangun tipung, aya ogé nu dijual geus meunang ngolah kalawan dicampur jeung olahan séjén kawas puding jeung sajabana.[2]

Ager jadi ngagéblég téh kualatan mangsa digolakeun, molekul cai jeung molekul ager pacampur.[3] Mangsa ditiiskeun molekul-molekul ager jadi ngagéblég, kitu deui molekul cai milu katahan di jero molekul ager/milu kana molekul ager.[3] Sanajan kitu cai mah henteu milu ngagéblég, umpama ager diantepkeun atawa di dedetkeun lalaunan éta cai baris kaluar dina molekul ager nu tadi ngagéblég.[3]

Asalmuasal

[édit | édit sumber]

Bahan dasarna ager téh taya lian ti jukut laut (alga), Mimitina jukut laut beunang manén dikumbah heula ku cai anta/cai biasa, dituluykeun dikeueum kurang leuwih 3 jam.[4] Réngsé dikeueuman dituluykeun dikeueum deui kalawan dicampuran ku kaporit 0.25% kurang leuwih 4-6 jam, maksudna sangkan jukut laut jadi bodas bersih.[4] Réngsé dikeueuman ku kaporit satuluyna diberesihkeun make cai herang, nepika beresih kalayan henteu bau.[4] Jukut laut nu geus beresih tadi tuluy baé di poé nepi ka garing, sangkan henteu hareuras jukut laut nu garing tadi digalokeu deui jeung asam sulfat éncér kurang leuwih 15 menit.[4]

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Ager mibanda sababaraha kagunaan kayaning :

  • Media/tempat pikeun hirupna baktéri jeung jamur
  • Pabrik pangaléngan lauk
  • Industri tékstil
  • Industri potograpi
  • Industri dahareun jeung inuman
  • Laksatif
  • Meresihan raheut
  • Industri kosmétik
  • Industri farmasi, jeung sajabana [4]


Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c Cyclopædia of India and of eastern and southern Asia, commercial ..., Volume 2, edited by Edward Balfour, Scottish and Adelphi Presses, 1871
  2. Iboe, Estu (2013). Resep Puding Agar - agar & Jelly Paling Gampang. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. 
  3. a b c N. Ganie, Suryatini (2013). Mahakarya Kuliner - 5000 Resep Makanan & Minuman di Indonesia. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. 
  4. a b c d e Moelyono, Moelyono (2016). Farmasi Bahari. Jakarta: Deepublish. 

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]


Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan