Ahmad Wiranatakusumah
| Achmad Wiranatakusuma | |
|---|---|
| Gumelar | 11 Oktober 1925 |
| Tilar dunya | 26 Septémber 1999 (yuswa 73) |
| Pagawéan | Perwira tinggi TNI |
Letjen (purn.) Achmad Wiranatakusumah (gumelar di Bandung, Jawa Barat, 11 Oktober 1925 – tilar dunya 26 September 1999 dina umur 73 taun) mangrupa sala sahiji tentara anu kungsi mangku jabatan salaku Kepala Misi Pengembalian Irian Barat ti Walanda, Panglima Kostrad, jeung Sekretaris Jenderal Dewan Pertahanan Keamanan Nasional. Riwayat atikan formalna dikawitan ti ELS nu aya di Bandung. Saatos réngsé sakola ELS taun 1938, anjeunna ngalajeungkeun sakola ka Lyceum di Jakarta salami 4 taun nepi ka 1942. Dina munggaran révolusi, anjeunna kungsi kaamanahan jadi Komandan Batalyon 3 nu kawengku dina Divisi 1 Badan Keamanan Rakyat (BKR) anu katelah "Batalyon Ahmad", tuluy jadi Komandan Batalyon 26, Brigade Guntur dina taun 1947, ogé jadi Komandan Batalyon 3, Brigade Infanteri 13/Siliwangi anu kungsi pindah ka Yogyakarta jeung aktif ngéléhkeun pemberontakan PKI di Madiun.[1]
Salian ti éta, anjeunna kungsi jadi Inspektur Akademi Militer di Yogyakarta taun 1949, ogé Komandan Brigade G di Kalimantan Barat taun 1950, Komandan Brigade Pendaratan Pasukan Amfibi di Maluku taun 1951, Kepala staff jeung naék jadi Komandan Sektor Cianjur dina taun 1952. Dina taun 1953, jadi Komandan Resimen Infanteri 8 jeung T&T III Siliwangi, Bogor. Teu ngan ukur sakitu, anjeuna ogé kungsi ngiring salaku anggota misi persiapan pasukan PBB di Gaza, Sinai, Timur Tengah anu lumangsung dina taun 1956. Tuluy disambung jadi Staff Umum Angkatan Darat (SUAD) jeung pembantu Menteri untuk Stabilitas Umum dina taun 1958, Perwira menengah dbp KSAD taun 1959.[1]
Kanggé nambahan élmuna di widang militér, Kang Ahmad ngiring palatihan tuluyna di U.S. Army Command and General Staff College di Fort Leavenworth, Kansas, Amerika Serikat ti taun 1959 nepi ka 1960. Saatos éta, anjeunna tuluy kapercanten jadi Kepala Staff Korps Tentara 1/Cadangan Umum AD dina taun 1961 jeung jadi Kepala Staff Pasukan Gabungan "Mandala" ngarebut Irian Barat dina taun nu sami. Tuluy kapercanten ogé jadi Kepala Misi Mulangkeun Irian Barat ti Walanda dina taun 1962 nu ngajadikeun anjeunna naék pangkat jadi Kepala Kostrad ti kawit taun 1963 dugi taun 1966, jeung naék deui jadi Panglima Kostrad salami 2 taun nepi ka taun 1967 tuluy jadi Perwira Tinggi dbp SUAD taun 1968.[1]
Sok sanajan teu anom deui, Kang Ahmad masih mangku jabatan anu ahéng dina widang kemilitéran, lepas ti Perwira Tinggi dbp SUAD, dua taun saatosna, nyaéta dina taun 1970, anjeunna kenging deui kapercantenan jadi Kepala Lembaga Pengkajian Strategi AD. Saatos éta, lajeung nyepeng amanah jadi Deputi Sekjen Dewan Pertahanan Kéamanan Nasional antara taun 1974 jeung 1978, tuluy naék jadi Sekjen Dewan Pertahanan Kéamanan Nasional nepi ka taun 1986. Pungkasna, anjeunna pensiun kalayan pangkat Letnan Jenderal.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)