Basa Arab Standar Modérn mangrupa basa resmina.[8] Tamazight dipaké ku sapertilu populasi jeung geus diakuan salaku "basa nasional" ku améndemén konstitusi ti 8 Méi 2002.[9]basa Arab Aljazair (atawa Darja) mangrupa basa nu mayoritas dipaké ku populasi. Sanajan basa Perancis teu boga status resmi, Aljazair mangrupa nagara Francophone kadua di dunya dumasar panyaturna[10] jeung basa Perancis masih dipaké sacara luas di pamaréntahan, budaya, média (koran) jeung sistem atikan (ti sakola dasar), ku lantaran sajarah kolonial Aljazair jeung bisa ditémbong salaku basa sub-resmi de facto Aljazair. Basa Kabyle, basa Berber nu panglobana dipaké, diajarkeun jeung mangrupa sub-resmi sabagian (kalawan sababaraha larangan) di babagian Kabylia.
Aljazair (Basa Arab: الجزائر, al-Jazā'ir; Berber jeung basa Arab Aljazair: Dzayer or Ldzayer), resmina Républik Démokratik Rahayat Aljazair (Al Jumhuriyah al Jazairiyah ad Dimuqratiyah ash Shabiyah), mangrupa hiji nagara di wewengkon Magribi di Afrika kalér-kulon kalawan Aljir salaku ibu kotana.
Ngaran nagara ieu (Aljazair/Algéria) diturunan ti kota Aljir (Algiers). Étimologi nu pangumumna ngubungkeun ngaran kota éta ka al-Jazā'ir (الجزائر, "Pulo-Pulo"), bentuk nu kapotong ti ngaran kota nu heubeul Jazā'ir Banī Mazghanna (جزائر بني مزغنة, "Pulo Séké Mazghanna"),[11][12] dipaké ku gégografer éra patengahan misalna al-Idrisi. Aya ogé pamikiran nu ngubungkeunnana ka Ldzayer, Basa Arab Magribi jeung Basa Berber pikeun "Aljazair" ("Algéria") meureunan kahubung jeung Dinasti Zirid Raja Ziri ibn-Manad jeung nu ngawangun kota Aljazair[13]
Majelis Propinsi Rahayat mangrupa éntitas pulitis nu maréntah hiji propinsi, nu miboga hiji "présidén", anu dipilih ku anggota majelis. Anggota dipilh dina hak pilih universal saban lima taun.
↑Di Aljazair, Tamazight sacara konstitusionalna gues diakuan salaku hiji basa nasional. Pamaréntah Aljazair ngakuan yén rupa-rupa basa Berber di Aljazair mangrupa basa nasional jeung wewengkon nu kedah dimumulé. Ngaran resmi Aljazair dina basa Berber nya éta:
Ageron, Charles-Robert (1991). Modern Algeria – A History from 1830 to the Present. Translated from French and edited by Michael Brett. London: Hurst. ISBN 978-0-86543-266-6.
Aghrout, Ahmed; Bougherira, Redha M. (2004). Algeria in Transition – Reforms and Development Prospects. Routledge. ISBN 978-0-415-34848-5.
1Wewengkon nu dipaséakeun, Sahara Kulon, kalobaannana dikawasaan jeung diadmnistrasi ku Maroko; Front Polisario ngaklaim téritori ieu dina ngahalangan pawangunan hiji républik merdika, jeung ngalaksanakeun kontrol nu kawates dina rump border territories.2Éksklave Spanyol.
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkonieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.