Andrew Jackson
| Andrew Jackson ᮃᮔ᮪ᮓᮢᮥ ᮏᮊ᮪ᮞᮧᮔ᮪ | |
Potrét ku G.P.A. Healy (1845) | |
| Jabatan | Présidén Amérika Sarikat ka-7 |
|---|---|
| Masa Jabatan | 4 Maret 1829 – 4 Maret 1837 |
| Wakil Présidén | John C. Calhoun (1829–1832) Martin Van Buren (1833–1837) |
| Partéy Pulitik | Partéy Démokrat |
| Pasangan (Istri) | Rachel Jackson |
| Katurunan | Andrew Jackson Jr. (angkat) Lyncoya Jackson (angkat) |
| Julukan | "Old Hickory" |
| Tanda Tangan | |
Andrew Jackson (ᮃᮔ᮪ᮓᮢᮥ ᮏᮊ᮪ᮞᮧᮔ᮪; gumelar, 15 Maret 1767 – pupus di Nashville, Tennessee, 8 Juni 1845) nyaéta saurang jénderal, nagarawan, sarta Présidén Amérika Sarikat ka-7 (1829–1837). Anjeunna mangrupa inohong sentral dina éra "Jacksonian Democracy" sarta pangadeg Partéy Démokrat modéren.
Kasang Tukang sarta Kulawarga
[édit | édit sumber]Andrew Jackson lahir ti pasangan imigran "Scots-Irish", Andrew Jackson Sr. sarta Elizabeth Hutchinson. Jackson henteu miboga anak kandung ti istrina, Rachel Jackson, nanging maranéhna ngukut sababaraha murangkalih, kalebet Andrew Jackson Jr. (keponakan Rachel) sarta saurang murangkalih pribumi Amérika nami Lyncoya anu dipulung ti medan perang.[1]
Karier Militer sarta "Old Hickory"
[édit | édit sumber]Jackson janten pahlawan nasional saatos meunang dina "Battle of New Orleans" (1815) ngalawan [Inggris]]. Kusabab kateguhanana dina mingpin pasukan, anjeunna dibéré julukan "Old Hickory" ku para prajuritna, anu ngagambarkeun sipatna anu teuas sarta teuneung.[2]
Masa Jabatan Présidén
[édit | édit sumber]Salami dua période jabatanna, Jackson dibarengan ku dua wakil présidén. Anu munggaran nyaéta John C. Calhoun, anu tungtungna mundur dina taun 1832 alatan pasalia paham ngeunaan kawijakan nagara. Salajengna, Jackson milih Martin Van Buren kanggé période kadua.[3] Jackson kawéntar ku kawijakan "Spoils System" sarta perlawananana ka Bank Nasional dina peristiwa "Bank War".
Kontrovérsi "Trail of Tears"
[édit | édit sumber]Jackson nandatanganan "Indian Removal Act" dina taun 1830, anu ngabalukarkeun "Trail of Tears", nyaéta perpindahan paksa suku-suku pribumi Amérika ka wilayah kulon anu nyababkeun rébuan jalma pupus.[4]
Pupusna
[édit | édit sumber]Jackson pupus di bumina, "The Hermitage", Nashville, dina kaping 8 Juni 1845. Sanajan pinuh ku kontrovérsi, warisanana dina nguatkeun démokrasi kanggé "common man" (rayat jelata) tetep boga pangaruh gede.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Stoddard, William O. (1888). Andrew Jackson and Martin Van Buren. New York: Frederick A. Stokes & Brother. p. 1.
- 1 2 Abbott, John S.C. (1875). The Lives of the Presidents of the United States. Boston: B.B. Russell. p. 207.
- ↑ McKee, Thomas Hudson (1892). American Politics (Non-Partisan). Washington D.C.: McKee & Company. p. 17.
- ↑ The Press Publishing Co. (1903). The World Almanac and Encyclopedia. New York: New York World. p. 114.
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- (en) Biografi Andrew Jackson di Whitehouse.gov Archived 2015-01-08 di Wayback Machine