Anna
Santa Anna téh nurutkeun tradisi Katolik nyaéta indungna Bunda Maria, anu jadi indungna Isa Almasih. Ngaran Santa Anna geus kasohor ti abad ka-2 dina sababaraha kitab anu dipaké ku umat Karésten waktu harita. Dicaritakeun dina perkawinanna jeung Santo Yoakhim, ti mimiti maranéhna kawin can kungsi boga anak. Duanana terus neneda ka Gusti supaya dipaparin katurunan.[1][2] Santa Anna jangji, lamun maranéhna meunang anak, éta anak bakal dipasrahkeun pikeun ngawula ka Gusti. Tungtungna, Gusti ngabulkeun panyuhunan maranéhna sarta maranéhna meunang anak awéwé anu dingaranan Maria. Engkéna, Maria ieu anu bakal ngalahirkeun Isa Almasih.[1]
Santa Anna jeung Santo Yoakhim hirup di wewengkon Yudea. Ngeunaan kahirupan sapopoé maranéhna mah teu loba anu nyaho. Dina tradisi Katolik, Santa Anna dipikahormat minangka palindung para indung.
Dina tradisi Islam
[édit | édit sumber]Dina ajaran Islam, Hannah (atawa Anna) téh pamajikan ti Imran, saurang tokoh anu dihormat di golongan Bani Israil. Dicaritakeun yén Hannah jeung salakina, Imran, geus lila pisan ngarep-ngarep boga anak. Hannah tuluy jangji ka Gusti, lamun anjeunna dipaparin anak, éta anak bakal dipasrahkeun ka Allah SWT pikeun ngawula di Baitul Maqdis, tempat suci pikeun ngibadah ka Alloh SWT.
Tungtungna, Allah SWT ngabulkeun panyuhunan kulawarga Imran jeung méré anak awéwé anu dingaranan Maryam. Hannah tuluy neneda ka Alloh supaya anakna dijauhkeun tina pangaruh jeung godaan sétan anu dikutuk.
Kulawarga Imran kaasup kulawarga anu dipikahormat di kalangan Bani Israil. Waktu Maryam masih leutik, bapana, Imran, geus pupus. Padahal waktu éta Maryam masih butu pisan kanyaah jeung pangasuhan ti saurang bapak, komo sabab anjeunna bakal dipasrahkeun pikeun ngawula di Baitul Maqdis. Ku sabab kitu, kulawarga Imran tuluy ngayakeun undian pikeun nangtukeun saha anu bakal ngasuh Maryam. Tina hasil undian éta, kapilih Nabi Zakariyya anu tuluy jadi pangasuh Maryam leutik sarta ngadidik anjeunna kalayan asih.