Lompat ke isi

Araucaria columnaris

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pinus Kalédonia Baru
Araucaria columnaris
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Araucaria columnaris
Ngaran binomial
Araucaria columnaris

Araucaria columnaris atawa Pinus Kalédonia Baru nyaéta salah sahiji tangkal anu asalna tina kulawarga (Pinaceae), asli ti Kalédonia Baru, mangrupa tutuwuhan éndemik ti Kalédonia Baru. Tangkal ieu hirup di daérah pasisir dina élévasi 1-100 m.[1] Salah sahiji tangkalna aya di Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Tangkal Araucaria columnaris koléksi Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Araucaria columnaris miboga ciri-ciri tangkal jangkungna ngahontal nepi ka 60 m. Kulit batangna bening, warnana kulawu ngalupas siga kertas. Tuluy rantingna ngabentuk siga tali, miboga diaméter 9-10 mm. Bentuk daunna robah ti ngora nepi ka kolot, lamun daun ngora bentukna siga jarum (imbricate), lansét ukuran 4-7 × 2-3 mm, puncakna melengkung. Lamun daun anu kolot bentukna siga sisik (imbricate), ségitiga, ukuran 5-7 × 3-5 mm, puncakna sarua melengkung.[2]




Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Cook's Pine "Araucaria columnaris"".
  2. "Araucaria columnaris (coral reef araucaria) description". www.conifers.org. Diaksés tanggal 2025-02-16.